Wah resep Bah Surtiwa tas jarah ti Cirebon. Kuring mah acan 
kalaksanakeun wae nempo Muludan di Cirebon teh. Padahal mah ti bubudak 
hayang nempo teh, da urang lembur kuring mah kapungkur "orientasi"na 
ka Cirebon sanes ka Bandung. Cenah keur jaman baheula mah, keur hese 
mobil, lamun muludan di Cirebon teh laleumpang tepi ka Kadipaten. Ti 
Kadipaten ngilu tumpak kareta api tiwu. Ari waktu kuring keur budak 
mah, di jalan raya teh sok rame pisan ku kendaraan nu nuju ka Cirebon.

Tapi aya we nu "usil", pajarkeun teh nu sering ka cirebon waktu 
muludan, aya maksud, arek neukteuk buntut kulantaran munjung ka 
monyet ...hehehe.

Aya kapercayaan di lembur kuring lamun bulan Mulud : Teu meunang 
moro!. Ari sababna bisi papanggih jeung Maung Kajajaden, baladna Prabu 
siliwangi ti leuweung sancang, nu di bulan Mulud ngilu ngabring ka 
Cirebon, nyekar ka makam Sunan Gunung Jati.

Maung Kajajaden oge sok nyamar jadi nini-nini. Gambaran Nini Kajajaden 
teh cenah jangkung, teu aya lipetan diantara irung jeung biwir luhurna 
(rata) jeung lamun dibere dahareun tara make leungeun, langsung make 
sungutna. Keur budak, lamun papanggih jeung nini-nini nu teu wawuh, 
heug dibulan mulud. Kuring sok undur-unduran, bari nyilidik aya 
lipetan henteu antara irung jeung biwir luhurna .....

Baktos,
WALUYA
 

--- In urangsunda@yahoogroups.com, "H Surtiwa" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Anu jelas mah dina danget anu kieu ekonomi rakyat naek kumargi aya 
> tourist lokal anu sararumping...Di Cirebon eta ujug2 pasar batik 
> Trusmi kabanjiran mobil2 leter B...tapi da leres seueur anu 
> mirah..aya kameja batik Cirebonan
> ngan ukur Rp 20 rb an...Anu awis oge seueur...Eta bangsan Empal 
> gentong


Kirim email ke