> "waluya2006" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Di Arab Saudi, kulantaran ayana di benua heubeul, mungkin wae aya 
> batu nu ngandung medan magnet. Ngan masalahna naha eta medan 
> magnet teh mani gede pisan tepi ka bisa narik beus?

Nambahan ah, nu teu dipikaharti kumaha barang-barang panumpang nu 
dijieun ku logam? Meureun rancleng katarik magnet, beus wae nu 
beurat kagusur. Teu kaharti ah ....

Ari kuring mah nyangka ku gravitasi, jalanna sigana mah nanjak jeung 
nanjakna panjang. Tapi kulantaran jalanna gede (lega) jeung ditempat 
nu kabuka, teu karasa/ katempo nanjak. Contona di Jalan Tol 
Cipularang ti arah Purwakarta ka arah Bandung, jalan kacirina 
nanjakna teu sabaraha, tapi lamun nyupiran kakara karasa, mobil rada 
ngaheunggeu, malah treuk jeung beus mah dibere jalan khusus.

Meureun ketah, tapi nu jelas lamun katarik ku medan magnet, teu asup 
akal ah ....

Baktos,
WALUYA





 

Kirim email ke