> Jalak Pakuan <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Naudzubillahimindzalik. Asa aheng kiwari kalaluar rupa-rupa panyakit > di masyarakat.
Kang Jalak, sigana mah sanes kiwari wae, tapi geus aya ti jaman baheula keneh, saperti lalakon Nabi Luth. Sacara medis acan jelas naon nu nyababkeun perilaku homreng. Aya nu nyebutkeun kalainan bawa lahir (kalainan genetik), tapi aya oge nu nyebutkeun akibat lingkungan. Duka mana nu leres, tapi sigana mah bisa dua-duana. Di millis sabeulah, aya nu nyebutkeun orientasi perilaku seksual manusa bisa robah-robah. Jadi gawat tina "manusa AC", bisa robah jadi "manusa AC/DC" ... Homreng akibat kelainan genetik, sigana teu bisa dinanaon, iwal engke aya teknologi nu bisa misahkeun embryo, cikal bakal manusa, pi"hetero" eun, atawa pi"homo"eun". Tapi lamun kulantaran faktor lingkungan, sigana bisa ditarekahan. Salah sahijina teu meunang "ngaisolasi" atawa misahkeun didasarkeun jenis kelamin: Kelas di sakola kudu dicampur murid awewe jeung lalaki, ngabatasan ku aturan nu ketat pisan pergaulan antar lawan jenis ...jrrd Baktos, WALUYA