> "H Surtiwa" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> tapi mun
> digantung ..mah..pan sok aya eta cenah..final ejaculation..tea..

Bah, ceuk dongeng-dongeng kriminil mah, umpama nu ngagantung maneh 
leres sok aya sperma, ngan upami digantung ku batur mah, tara aya. 
Tanda ieu nu sok ditangali ku detektif dina carita-carita kriminal, 
naha maehan maneh atawa dipaehan ku batur.

Nyaritakeun hukuman pati, kuring kungsi maca dina majalah intisari 
dongeng saksi mata urang Eropa nu nyaksian hukuman gantung di tempat 
umum jeung dilalajoan di Batavia di awal abad ka 20 (awal taun 
1900'an). Keur urang Eropa ieu, kalakuan pangawasa Walanda di Hindia 
Walanda biadab, sabab di Eropa sorangan hukuman pati geus teu 
dilakukeun dihareupeun umum.

Nu rek dihukum teh Urang Cina, beja rek aya nu dihukum gantung, 
nyebar sakuliah Batavia. Dina poeanana jalma ti suklak-siklukna 
daratang, aya nu make Delman, trem jeung sagala angkutan. Di tempat 
panggantungan rame siga pasar malem.

Pas dina waktuna, si pesakitan diiringkeun ku petugas. Kacirina 
teuneung, euweuh kasieun, naek kana panggung panggantungan. Manehna 
dibere kasempetan keur ngomong pangakhirna. Jep nu lalajo simpe. Si 
pesakitan ngomong yen manehna ngaku salah jeung ka balarea pesen 
ulah ngalakukeun kajahatan siga manehna. Geus kitu si pesakitan 
dikalungan tali, tapi barang beungeutna rek ditutupan ku kurudung 
manehna nolak. 

Geus sagalana siap, guprak tetecean manehna muka, nu digantung 
ngagulawing, kaciri beungeutna jadi beureum asak. Salah saurang 
petugas gancangan nutupan beungeutna supaya ulah kaciri ku balarea. 
Saurang algojo atawa pembantu algojo nu aya dikolong, kaciri narik 
suku nu dihukum ....meureun supaya tereh paeh....

Terusna? Ke urang pilarian heula malakah Intisari heubeulna ...
  
Baktos,
WALUYA
 

 

Kirim email ke