hatur nuhun ku rojongan nana. namun abdi ge ayeuna teh nuju aya partai anyar nu 
nawisan kanggo nyaleg di dpr ri ngawakilan wilayah sunda jabar-9 (subang, 
sumedang, majalengka).

Abdi masih ngemutan sareng merhetangkeun kasiapanana. Abdi ge mani hareudang, 
pas ngadango parti-partai caleg na aya artis lain urang sunda anu can puguh 
bakal mawa jeung ngawangun tataran sunda.

Abdi oeg tos nanawiskeun ka rerencangan di karawang, tasik, kanggo ngalebetan 
caleg dpr ri, ayeu na seeur partai nu meryogikeun caleg.

Dina kasempetan iue oge, abdi bade ngajak ka anggoat komunitas + kulawargina, 
sok atuh masing-masing pami tiasa mah urang maju, ngawakilan tataran sunda 
kanggo di dpr.

Bilih aya nu kersa, kudu enggal daftar ka masing-masing partai, margi data 
kedah lebet ka KPU paling lambat ping 19 agustus.

hatur nuhun

Kang Jaja



--- On Tue, 8/12/08, oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
From: oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: Re: [Urang Sunda] Urang sunda di DPR RI
To: urangsunda@yahoogroups.com
Date: Tuesday, August 12, 2008, 11:50 PM










    
            Muhun atuh, mangga, Kang Jaja wae anu nyalongkeun janten caleg, ku

abdi dirojong pisan. Insya Alloh dulur-dulur di milist oge ngarojong

geura, asal paniatanana sae kanggo ngabela rajayat. Eta wae jalan

kaluar tin abdi mah saheulaanan, pami aya pamendak nu sanes nu

langkung hebring mangga abdi ngiring ngarojong.



manAR



On Wed, Aug 13, 2008 at 10:19 AM, jtriharja <[EMAIL PROTECTED] com> wrote:

>

> Kanggo rengrengan di milis urang sunda, abdi nyuhunkeun panerangan

> sareng urung rempug, kana hiji masalah di handap ieu :

>

> Abdi gaduh rerencangan, anjeuna mah urang sulawesi, tukang usaha +

> politikus di salah sahiji partai. Anjeuna ngajabat di pangurus pusat.

> Abdi sok diajak kumpul-kumpul di partai, di forum politik, kadang sok

> diajak ka departemen.

> Abdimah, niat na kanggo nambih rencang (networking) sareng milarian

> peluang bisnis/usaha.

>

> Rerencangan abdi di partai teh, seuuer urang sebrang, sulawesi, jawa

> timur, jeung sajabana, pokokna urang sunda mah sakedik pisan.

>

> Margi rerenacangan abdi di partai teh nagjabat wakil sekjen, janten

> gaduh hak atanapi jatah kanggo urutan 1 caleg DPR RI, Dailna tiasa

> milih nyalira.

>

> Nah, rerencangan abdi teh milih daerah pilihan di wilaha Jabar,

> padahal anjeuna mah urang sulawesi. Anjeuna teh masi soson soson

> ngupayakeun supados dikenal di wilayah Dapil na, abdi oge ngiring

> ngabantosan sok ngiring nyuksruk ka kampung-kampung.

>

> Kaeitna, abdi teu gaduh emutan nu sanes, tapi lami-lai ka emutan, atuh

> wilayah sunda teh, diwakilan lain ku urang sunda pami kitu mah. Tah

> abdi teh ngemut teras masalah eta teh, teras ngobrol sareng

> rerencangan urang sunda, kumaha kanggo nyikapan masalah eta.

> Kabayang ku abdi, pantesan urang sunda teh jarang di DPR RI, komo deui

> di kabinet, margi wilayahnya sabagaian ageung tos diambil alih ku

> urang seberang. Cobi we emutan, sarang urang tengetan, partai-partai

> ageung, ke dina pamilu 2009 nami2 caleg na sabahara persen nu

> ngawakilan tataran sunda (Jabar) nu asli ti urang sunda.

>

> Pami kondisina sapertos kieu, emutan abdiman ieu teh masalah serius,

> lantaran urang sunda jalana ka tutup kanggo maju janten pamimpin

> atanapi tokoh di tingkat nasional.

>

> Cing abdi pasihan panerangan sareng urung rempug ti rerencangan di

> komunitas ieu, kumaha jalan kauarna tina masalah ieu. Jadi pantes wae

> atuh, urang sunda teh kurang pisan anu janten pamimpin atau ngajabat

> di tingkat nasional.

>

> Hatur nuhun.

>

> Kang Jaja

>

> 


      

    
    
        
         
        
        








        


        
        


      

Kirim email ke