urang sunda rupina kedah sakedik ngarobih kabiasaan, nu biasana kirang ikatan 
kakaluargaan sareng baraya. Lemahna iketan teh kulantaran urang sunda aya di 
daerah sorangan.Beda mun aya disebrang, pasti diantara urang sunda silih bantu 
jeung sisih asah.
Tah, ayeun wilayah pasundan teh tos loga dicicingan ku warga luar, jadi 
mangkahade bilih kasedekeun, urang kudu buru-buru ningkatkeun ikatan 
kekeluargaan urang sunda.

Pami aya diantara urang nu tos jadi pajabat, urang tong ngantos pangajak ti 
anjeuna, tapi urang kedah wani silaturahmi datang ka anjeuna. Komo urang gaduh 
komunitas KUSnet, nu tangtos pasti diperhatoskeun.

Abdi diajar ngwangun jaringan silaturahmi teh ka urang sebrang. maraneh namah 
warani datang ka menteri nu asal ti daerahna, kangggo ngenalkeun jeung sajabana.

Tah, urang ge kapayuna urang ngawitan nyalusur saha wae tokoh sunda nu tos 
manggung di tingkat nasional. Pami di tingkat Jawa Barat mah tos tangtos atuh 
kedah langkung caket.

Pami urang tos silaturahmi katur ngenalkeun diri, insya Allah ikatan jaringan 
kakaluargaan bakal kawangun, hubungan jadi leuwih lancar, aya usulan nanaon 
jadi gampang.

hatur nuhun.

Kang Jaja
Mohon do'a sareng dukungan abdi nuju proses nyaleg DPR RI di salah sahiji 
partey kanggo ngawakilan dapil Jabar-9 (subang-sumedang-majalengka).

--- On Tue, 8/19/08, imro ir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
From: imro ir <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: Re: [Urang Sunda] Urang sunda di DPR RI
To: urangsunda@yahoogroups.com
Date: Tuesday, August 19, 2008, 11:03 AM










    
            
Pernah gubernur BI teh urang sunda,  sok pang naroskeun pernah teu ngahayukeun 
ka urang sunda geura arasup ka BI.

Salam
K. Im


----- Original Message ----
From: Urang Sunda Hudang Euyyy <[EMAIL PROTECTED] com>
To: [EMAIL PROTECTED] ups.com
Sent: Tuesday, August 19, 2008 3:12:23 AM
Subject: Re: [Urang Sunda] Urang sunda di DPR RI









    
            da kumaha tuh kang... partey teh pan ngalamar jamli nu sanes urang 
sunda pikeun ngawakilan sunda..
abdi oge moa nolak mun dilamar kupartey mah.. sok sanajan tiabdi loba tanjakan
salah sahijina partey kudu konsisten ulah isuk a sore2 ge b



On Sun, Aug 17, 2008 at 3:53 PM, jaja <[EMAIL PROTECTED] com> wrote:

















    
            
sami kang abdi ge, pame emut ka dinya mah hoream pisan asup ka dunia politik 
teh.
Tapi cik urang emutan masalah dihandap ieu :

1. Kira2 rela teu pami di DPR  warga sumedang/garut/ tasik/subang, atawa warga 
lainna di tatar sunda diwakilan ku urang sulawesi/sumatera, lain ku urang 
kalahiran sunda? Abdi mah teu rela (teu rela pisan.. lebar). Maraneh namah can 
tangtu bakal ngabela rahayat sunda. Maranehna ngan ukur nginjeum daerah 
pamilihan (dapil).


2. Sababaraha dinten kapengker,abdi keliling ka sabgian partai nu aya kenalan 
di pangurus pusat. Abdi kaget pisan, pangurus pusat na teh tos loloba namah 
dikuasaan ku urang sebrang kabeh. Urang sulawesi, sumatera, jeung sajabana. 
Maraneh na teh ngadatangkeun dulur-dulurna ti sebrang didaftarkeun keur nyaleg 
DPR RI.


Abdi lajeng ngemutan, kunaon urang sunda sakedik pisan nu aya di DPR RI,
 Kabinet, atawa pajabat publik nasional lainna. Aya sababaraha poin :

Masalah :
1. Kunaon, nu manggung di tingkat pusat jeung nasional (DPR/Kabinet) lolobana 
dikuasai ku urang sebrang, padahal Jakarta teh masih diwilayah pulau Jawa 
Barat. Malah, beuki dieu beuki loba urang sebrang jadi pajabat Gub/Bupati 
salain diuk di DPR RI ngawakilan tatar sunda.?


2. saha wae nu hayang jadi menteri di kabinet, atawa presiden/wakil presiden, 
kudu meunang dukungan di DPR, jeung meunang lobi-lobi anggota DPR. Tah, 
kabayang pisan, pami di DPR teh lolobana dikuasaan ku urang seberang, tangtos 
manehna bakal ngusulkan calon menteri ti daerah asalna. Sabalikna, kulantaran 
urang sunda sakedik pisan di DPR, tangtos pisan teu gaduh kakuatan kanggo 
ngusulkeun uarng sunda keur jadi menteri, atawa pajabat lainna.


3. Jumlah warga Jawa Barat jeung Jatim teu beda jauh, sakitar 30 jutaan, 
beda-beda saeutik. Tapi maraneh namah, loba nu aktif di
 partai/perpolitikan di pangusrus pusat. Hasilna, urang jawa sabeleh timur loab 
nu diuk di DPR, tangtos loba nu jadi pajabat tingkat nasional (menteri/kepala 
badan, dll). Jadi , jumlah warga jawa barat teh teu ngahasilkeun urang sunda 
jaradi wakil di DPR,lantaran nu nyalon DPR teh geus dikuasai ku urang sebrang.


Jadi jelas pisan, panyabab urang sunda euweuh/saeutik nu jadi anggota 
DPR/menteri. padahal jumlah suara mun di pemilu milih anggota DPR atawa calon 
presiden pasti bisa mangaruhan. Sabenerna , jumlah pemilih jawa barat teh 
potensi pisan kanggo ngusung urang sunda manggung di tingkat nasional.


Abdi ge, kaget, aya komentar ti rerencangan nu ayeuna ngarurus partai (urang 
medan/palembang/ sulawesi) , nanyakeun ka abdi, kunaon urang sunda mah 
aralimeun asuk ka dunia politik (ngurus partai, nyalon caleg DPR) jeung 
sajabana?


Kadang gereget, kudunamah urang sunda teh boga partai politik. Sok urang 
ngahiji, hijikeun kakuatan urang nyieun
 partai nasional, tapi nu ngurus na di pusat ku urang sunda.

Pami emutan abdimah, urang sunda teh kudu robah pamadegan, jeung kuda gede 
kawani, jeung tong sieun asup kadunia politik, lantaran kasempetan kanggo 
kontribusi ngurus nagara teh ngan bisa ngaliwatan partai politik, atawa 
sakurangna kedah caket jeung nu boga partai. 

Abdi ge sadar, seuuer nu nyarios yen poltik teh kotor. saleresnamah ari politik 
mah da siasat kanggo nguasasi urusan nagara. Kotor jeung bersih namah 
tergantung ka jalma nu ngalakonanaa. pami urang sunda teu asukka dunia eta, tos 
pasti bakal direbut ku jalma lain. Padahal jalma lain mah, urang teu ngarti 
jalmana bener atawa boga tujuan2 nu lain.



Terus terang, abdi nyalira hampir 3 tahun gaul jeung urang politik, pami teu 
gabung di pangurus pusat mah mani hese pisan hayang asup jadi caleg nomor urut 
1 teh, kudu boga duit gede, etage can tangtu, lantaran nyleg nomor leutik mah 
geus dialokasikeun keur pangurus
 pusat partai  (sekjen/wakil sekjen, ketua).

Kulantaran kitu, pami abdi teu tiasa asup jadi caleg tahun 2009, abdi mah aya 
paniatan urang sunda kedah boda partai politik.

tah, kitu sementwis pamikiran abdi tetang permasalah dunia politik
jeung urang sunda. Nu danget ieu teh nuju kakirangan pamimpin urang
sunda di tingkat nasional.

Mudah-mudahan aya manfaatna kanggo naghudangkeun sumanget urang sadayana.


Nuhun,

kang Jaja
(mohon doa + dukungan nuju proses nyaleg DPR RI dapil Jabar-9 
subang-smd-majaleng ka, mudah2an kendaraan partaina ngadukung )





--- On Sat, 8/16/08, Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED] com> wrote:

From: Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED] com>
Subject: Re: [Urang Sunda] Urang sunda di DPR RI

To: [EMAIL PROTECTED] ups.com
Date: Saturday, August 16, 2008, 6:48 AM







    
            
Ihhh..ieu mah teu mais teu meuleum..sok disabit-sabit kana capress..
rumaos didieu mah teu gaduh sarat teu gaduh sorot...
saur dina ugeran kango mingpin mah apan kedah gaduh 
paling henteu lima mustika..... ...

Pihatur
ssw
http://cikundul3. multiply. com
Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda

Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda


--- On Fri, 15/8/08, Urang Sunda Hudang Euyyy <[EMAIL PROTECTED] com> wrote:

From: Urang Sunda Hudang Euyyy <[EMAIL PROTECTED] com>
Subject: Re: [Urang Sunda] Urang sunda di DPR RI
To: [EMAIL PROTECTED] ups.com

Date: Friday, 15 August, 2008, 3:00 PM





sanes teu hoyong kang abdi mah rada alergi ku partai kang...
komo dibarengan kuteu boga modal mah moal di lieuk2 acan ku partai na oge..

abdi mun aya urang kusnet dijajaran calon DPR RI insya allah rek dipilih mola 
golput teuing pan...


komo mun capres jeung cawapresna urang kusnet mah..

mangga atuh kang ganjar apih siddik, teh ika geura marajeung..




On Wed, Aug 13, 2008 at 2:51 PM, jaja <[EMAIL PROTECTED] com> wrote:










hatur nuhun ku rojongan nana. namun abdi ge ayeuna teh nuju aya partai anyar nu 
nawisan kanggo nyaleg di dpr ri ngawakilan wilayah sunda jabar-9 (subang, 
sumedang, majalengka).


Abdi masih ngemutan sareng merhetangkeun kasiapanana. Abdi ge mani hareudang, 
pas ngadango parti-partai caleg na aya artis lain urang sunda anu can puguh 
bakal mawa jeung ngawangun tataran sunda.

Abdi oeg tos nanawiskeun ka rerencangan di karawang, tasik, kanggo ngalebetan 
caleg dpr ri, ayeu na seeur partai nu meryogikeun caleg.


Dina kasempetan iue oge, abdi bade ngajak ka anggoat komunitas + kulawargina, 
sok atuh masing-masing pami tiasa mah urang maju, ngawakilan tataran sunda 
kanggo di dpr.

Bilih aya nu kersa, kudu enggal daftar ka masing-masing partai, margi data 
kedah lebet ka KPU paling lambat ping 19 agustus.


hatur nuhun

Kang
 Jaja



--- On Tue, 8/12/08, oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED] com> wrote:

From: oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED] com>
Subject: Re: [Urang Sunda] Urang sunda di DPR RI

To: [EMAIL PROTECTED] ups.com
Date: Tuesday, August 12, 2008, 11:50 PM




Muhun atuh, mangga, Kang Jaja wae anu nyalongkeun janten caleg, ku
abdi dirojong pisan. Insya Alloh dulur-dulur di milist oge ngarojong
geura, asal paniatanana sae kanggo ngabela rajayat. Eta wae jalan
kaluar tin abdi mah saheulaanan, pami aya pamendak nu sanes nu

langkung hebring mangga abdi ngiring ngarojong.

manAR




On Wed, Aug 13, 2008 at 10:19 AM, jtriharja <[EMAIL PROTECTED] com> wrote:
>
> Kanggo rengrengan di milis urang sunda, abdi nyuhunkeun panerangan

> sareng urung rempug, kana hiji masalah di handap ieu :
>
> Abdi gaduh rerencangan, anjeuna mah urang sulawesi, tukang usaha +
> politikus di salah sahiji partai. Anjeuna ngajabat di pangurus pusat.

> Abdi sok diajak kumpul-kumpul di partai, di forum politik, kadang sok
> diajak ka departemen.
> Abdimah, niat na kanggo nambih rencang (networking) sareng milarian
> peluang bisnis/usaha.
>

> Rerencangan abdi di partai teh, seuuer urang sebrang, sulawesi, jawa
> timur, jeung sajabana, pokokna urang sunda mah sakedik pisan.
>
> Margi rerenacangan abdi di partai teh nagjabat wakil sekjen, janten

> gaduh hak atanapi
 jatah
 kanggo urutan 1 caleg DPR RI, Dailna tiasa
> milih nyalira.
>
> Nah, rerencangan abdi teh milih daerah pilihan di wilaha Jabar,
> padahal anjeuna mah urang sulawesi. Anjeuna teh masi soson soson

> ngupayakeun supados dikenal di wilayah Dapil na, abdi oge ngiring
> ngabantosan sok ngiring nyuksruk ka kampung-kampung.
>
> Kaeitna, abdi teu gaduh emutan nu sanes, tapi lami-lai ka emutan, atuh

> wilayah sunda teh, diwakilan lain ku urang sunda pami kitu mah. Tah
> abdi teh ngemut teras masalah eta teh, teras ngobrol sareng
> rerencangan urang sunda, kumaha kanggo nyikapan masalah eta.
> Kabayang ku abdi, pantesan urang sunda teh jarang di DPR RI, komo deui

> di kabinet, margi wilayahnya sabagaian ageung tos diambil alih ku
> urang seberang. Cobi we emutan, sarang urang tengetan, partai-partai
> ageung, ke dina pamilu 2009 nami2 caleg na sabahara persen nu

>
 ngawakilan tataran sunda (Jabar) nu asli ti urang sunda.
>
> Pami kondisina sapertos kieu, emutan abdiman ieu teh masalah serius,
> lantaran urang sunda jalana ka tutup kanggo maju janten pamimpin
> atanapi tokoh di tingkat nasional.

>
> Cing abdi pasihan panerangan sareng urung rempug ti rerencangan di
> komunitas ieu, kumaha jalan kauarna tina masalah ieu. Jadi pantes wae
> atuh, urang sunda teh kurang pisan anu janten pamimpin atau ngajabat

> di tingkat nasional.
>
> Hatur nuhun.
>
> Kang Jaja
>
> 





-- 
------------ --------- --------- --------- --------- --------- --
AGUS PAKUSARAKAN
08128377662
www.smarthubtech.
 co.id ------------ --------- --------- --------- --------- --------- --
www.independen. wordpress. com
www.inkas.wordpress .com

www.garut0262. wordpress. com
www.azzoman. indonetwork. net


      


         
        
        


      
      

    
    
        
        
        
        


        


        
        
        
        
        




-- 
------------ --------- --------- --------- --------- --------- --
AGUS PAKUSARAKAN
 08128377662
www.smarthubtech. co.id ------------ --------- --------- --------- --------- 
--------- --

www.independen. wordpress. com
www.inkas.wordpress .com
www.garut0262. wordpress. com

www.azzoman. indonetwork. net



      


        
        


      
      

    
    
        
         
        
        








        


        
        


      

Kirim email ke