Inalillahi wa inailaihi rojiun.
Tepang sareng Bah Duduh di Seminar Basa & Sastra Sunda di Unpad. 
Jenatna maparin elmu perkawis ngadamel carpon dina basa Sunda. 
Hanjakal, margi waktosna samporet pisan, janten mung sakedik materi 
nu didugikeunana. Harepan abdi mah, manawi sanes waktos tiasa 
disambung deui… hanjakal kabujeng dipundut kunu Kagunganana.

Mugia dihapunten sadaya kalepatanana, ditampi amal ibadahna, 
dicaangkeun alam kuburna. Kulawarga nu dikantunkeunana mugi 
dipasihan sabar & tawekal. Amin. 

Roro 


--- In urangsunda@yahoogroups.com, eminx <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> sami ngiring bela sungkawa, mugi Alloh maparin tempat
> anu mulia sampurna dina karidoan anjeunNa, Amin.
> 
> 
> 
> Inalillahi wa inailaihi rojiun.
> Parantos mulih ka kalanggengan Abah Duduh Durahman, sastrawan 
Sunda,
> pengamat Film nasional, Juri Festival Film Nasional, Wapemred 
majalah
> Mangle. Nagntunkeun dina dinten Rebo kaping 1 Oktober 2008 tabuh 
16.30 di
> rumah sakit, dikurebkeun dinten Kemis 2 Oktober 2008 di Ciwidey 
Kab Bandung.
> Buku karyana Sawidak Carita Pondok, Saulas sausap sastra Sunda, 
Petingan,
> Catetan prosa Sunda.
> Bah Duduh lahir taun 1939 di Ciwidey.Mugi ditampi Iman Islamna, 
dihapunten
> sagala rupi kalepatan ditampi sagala rupi amal solehna tur aya 
dina rahmat
> Alloh SWT. Amin
> 
> MSasmita
> (kenging wartos munggaran ti Kang Abdulah Mustapa)
> 
> -- 
> ES
> ars long vita brefis
>


Kirim email ke