dukung 100 %, pami Kang Maman jadi wapresnya......

--- On Fri, 11/21/08, Maman Gantra <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

From: Maman Gantra <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: [Urang Sunda] Raja Jawa Hayang jadi Presiden
To: urangsunda@yahoogroups.com, [EMAIL PROTECTED], [EMAIL PROTECTED]
Date: Friday, November 21, 2008, 7:41 AM











Tadi peuting aya utusan Sultan Yogya ka imah. Lain nepungan kuring. Tapi, 
nepungan batur lian, nu geus jangjian jeung manehna. Duanana ngadon "rapat" di 
imah. Agendana: Prak-prakan naon bae nu kudu dilakonan sangkan Sultan bisa 
ditarima ku urang Sunda. Utamana, tangtu bae, mangsa Pemilu taun hareup.
 
Sanajan teu ngarasa boga kapentingan, alatan diskusina di hareupeun kuring, 
sautak-saeutik kuring oge jadi ngabandungan eta sawala. Malah, satengahing 
molototan komputer teh, sakapeung kuring sok milu ngomentaran. Siga nu heueuh.
 
Kuring sorangan, sanajan kumerot, keur aya dina posisi teu percaya kana 
calon-calon Presiden nu kiwari disebut-sebut. Kaasup Sultan ieu. Lain perkara 
Jawana. Tapi, kuring teu ningali hal istimewa dina dirina. Paling heunteu 
saheulaanan. (Ongkoh, kuring boga "pangalaman goreng" jeung manehna. Mangsa 
kuring jadi reporter di hiji majalah, jeung manehna salah sahiji komisaris di 
eta majalah). 
 
Anapon kitu, kuring hayang oge nyaho pamanggih nu lian ngeunaan ieu inohong. 
Hususna dina konteks pencalonan Presiden ieu. Naha kira-kirana pantes heunteu 
ieu Sultan jadi Presiden urang? Naha teu leuwih alus mun urang nunjuk urang 
Sudan atawa urang Argentina salaku Presiden? (Kitu mun bisa, jeung maranehna 
daraekeun). 
 

Maman Gantra
Jalan Salemba Tengah 51,
Jakarta 10440.
0812-940-5441
 














      

Kirim email ke