Mang Ucup damang....?Mani kataji si teteh ....Kahiji kuseratan amang sareng 
undak-usuk bahasana mani sae, ngageuleuyeung sapertos mobil anu jalanna lucir 
ku oli, nyaan resep maosna, seratan anu nyunda pisan teh langsung ku siteteh di 
Copy jeung di print , rek dijadikeun jimat.......he heKadua, info FACEBOOK teh 
geuning menggelora...dan menggairahkan duka tah naon sundana. Landihan FACEBOOK 
janten FB, panyangki teh FB = Blue Film tea, si horeng situs keur balarea anu 
resep internetan kalayan resep gaduh baraya alias teman, Duka tah teman naon.? 
panginten tiasa TTM, tiasa TBS, tiasa TBU......he he, mangga tiasa tihartoskeun 
nyalira2....Katilu, siteteh da tos daftar di Facebook, mung hanjakan bade muka 
teh bet hilap nami User sareng paswordna...ma'lum tos nini2 mah loba pohona, 
jeung harita teu dicatet. Cing ah.....mang ucup pangmukakeun lawang FB si 
teteh, jeung rek diganti namina da didinya namina janten Sarti Sartika....ah, 
rek diganti aku nami
 nyaan...he he, da tadinamah daftar teh keur ulin-ulinan sihoreng tos mandunia, 
si teteh mah da can loba baraya. 2 minggon teh  karek 2 manungsa....Ka opat 
mah, ngahaturkeun nuhun ka Mang Ucup anu kersa mantuan si teteh.....aeh muhun 
diantosan bantosannana...WassalamIpeut(Teh Tien tea)
--- On Mon, 2/2/09, mangucup88 <mangucu...@yahoo.de> wrote:
From: mangucup88 <mangucu...@yahoo.de>
Subject: [Urang Sunda] FACEBOOK - Panglawungan Balarea
To: urangsunda@yahoogroups.com
Date: Monday, 2 February, 2009, 8:18 PM

Sandiasma pribados mang Ucup disarengan ku potretna katingal eces 
bengras pisan dina Facebook. Lakadalah Alhamdulillah 
bimsalabim…..mung ukur dua minggu, pribados tos tiasa ngempelkeun 
sobat enggal langkung ti 375 urangna. Tambihan sobat nu sakitu 
seueurna teh bet nimbulkeun patarosan na jero hate, naha eta 
prestasi teh peryogi dibejer-beaskeun ka balarea. Jalaran kahontalna 
tambihan sobat sakitu teh tangtos sanes padamelan enteng-enteng, 
namung jalaran ayana kapercantenan ti para kaula muda alias ABG anu 
pada-pada hoyong milarian sobat nu saseueur-seueurna. Pada-pada 
hoyong onjoy dibelaan silih bedol jeung silih jongklokkeun pikeun 
ngagaduhan sobat nu ganteng sareng daremplon, pikeun namplokkeun 
eusi hatena. 

Ari Facebook  teh hiji Web jaringan sosial, nu ceuk basa gaulna mah 
disebatna patempatan mejeng, pikeun cakakak cikikik, pikeun gutak 
gitek, nembongkeun kabahenolannana. Kiwari eta web teh kalintang 
dipikaresepna ku balarea utamina barudak ngora. Numutkeun catatan 
statistik nu pangakhirna cenah satiap anggota Facebook ngagaduhan 
paling saeutik 100 sobat. Dina taun 2009 jumlah anggota dina 
Facebook parantos ngagaduhan anggota langkung ti 150 juta jiwa. Atuh 
nya wajar we upami disebatkeun rada fantastis teh, jalaran unggal 
dinten murudul nambihan anggota anyar 600 ribu urang. Malihan saur 
agulna para sobat mah cenah saupami salira kuanjeun henteu lebet 
anggoa Facebook, kenging landian "U are nobody ". Hal eta teh 
sajalan sareng cariosan filsuf Yunani Decartes dina abad klasik 
Eropah "cognito ergo sum " nu hartosna  "bungkeuleukna kaula teh

lantaran aya dina Facebook " . 

Di era globalisasi teknologi informasi kiwari, rupina seueur jalmi 
nu langkung resep milari sobat teh nganggo teknologi informasi tina 
situs-situs internet. Langkung gampil, mirah sareng praktis. 
Diantawisna sababaraha website nu kiwari tos kasohor teh nyeta 
Facebook, Friendster, MySpace, sareng seueur-seueur deui nu sanesna. 
Memang leres pisan langkung mirah, kantun klik weh tos tiasa 
kukurilingan sakuliah dunya pikeun milarian pisobateun nu sakinten 
sapagodos  sareng kahoyong urang. Mung kitu tea, urang kedah 
ngagaduhan heula pangabisa pikeun ngoprek eta parabotan canggih 
komputer. 

Seueur nu nyarangki yen eta situs pikeun milari pisobateun teh, 
cenah dikhususkeun pikeun nu aranom wungkul alias ABG. Nanging 
nyatana kiwari mah seueur oge aki-aki nu tuturut munding pipilueun 
hoyong ulubiung sosobatan dina dunya maya internet. Dianggo mejeng. 
Sakumaha nu tos diuningakeun dina Facebook, nyatana anggota nu 
pangseueurna teh dalah jalmi nu yuswana 30 taun kaluhur. Tiasa 
dimaklum, da jalmi nu saumur kitu mah kaseuseueurannana  teh tos 
ngaraos honcewang taya batur cumarita, da jalmi sanesna mah caruek 
ka sasama, sanaos natangga oge linggihna. 

Salajengna kuma tah perkawis sobat atanapi sosobatan ngalangkungan 
Internet sapertos dina Facebook ? Naha sami proses lumajengna teh 
sareng sosobatan beneran nu lumrahna di alam nyata, sapertos nu tos 
diguar sateuacanna tadi ? Tangtosna ge benten, da sosobatan dina 
dunya maya mah alias internet, henteu ngagaduhan  atanapi kacampuran 
faktor emosi.

Pribados sadar sareng uninga pisan, rehna sosobatan teh teu benten 
sareng miara pepelakan nu tangtos peryogi digemuk, disiram unggal 
dinten kalayan tulaten, supados subur jadina. Nanging ari sosobatan 
dina dunya maya mah sapertos dina Facebook, Friendster sareng 
sanesna, nu kitu teh teu diperyogikeun, jalaran sumpek waktosna 
kanggo kagiatan silih asih atanapi silih pihakeun pikeun sobatna, 
sapertos ngagemuk kana pepelakan. Angot kanggo para sobatna nu aya 
di manca nagara mah.  

Nanging ari kanggo pribados mah, sosobatan dina Facebook  teh aya 
langkung onjoyna tinimbang  situs sanesna. Seueur para sobat nu 
remen pisan ngintunkeun bewara ka pribados, boh perkawis masalah-
masalah pribadi, curhat, atanapi masalah-masalah sanesna nu ngeunaan 
silih asih, silih asah sinareng silih asuh. Sanaos kanggo aranjeunna 
teh samporet pisan waktosna  jalaran ku kasibukan marantenna. Eta nu 
kalintang ngagumbirakeun pribados salaku pupuhu situs Facebook.

Peryogi kauninga rehna sosobatan dina Facebook mah katingal pisan 
seueur pisan para sobat nu teu weleh miharep lumintu sosobatan 
sareng pribados, nganggap pribados teh salaku sobat nu caket sareng 
nu pang lengketna. Marantenna ngagaduhan paamadegan cenah asa resep 
sareng kataji tiasa satata sajajar teu kawates ku handap luhurna 
jabatan, pangkat atanapi yuswa, sareng wagelan sanes-sanesna. Dina 
Facebook tiasa langkung bruk-brak ngebrehkeun unek-unekna nu 
didorong ku paraosan simpati, empati sosial, sinareng kamanfaatanana 
dina sosobatan sareng pribados dina eta situs. Kalebet ajen pisan 
kana seratan atanapi artikel-artikel pribados dina Facebook. Ku 
ayana respon kitu teh kalintang reueusna pribados mah, sareng 
nambihan motivasi kanggo langkung soson-soson serat sinerat  dina 
situs Facebook . 

Salajengna pribados umajak ka para wargi sadaya, mangga urang sami-
sami ulubiung sosobatan dina ieu situs Facebook . Sosobatan dina ieu 
situs mah taya pisan rorongo panghalang, boh ku yuswa, jabatan, 
sinareng masalah-masalah pribadi sarereng sajabina. Ruang lingkupna 
langkung lega, tiasa nembus rohangan sinareng waktos. Rupina leres 
pisan sapagodos sareng pamendak ahli komunikasi McLuhan nu kantos 
ngebrehkeun cenah engke mah dina abad 21 dunya teh bakal jadi Desa 
nu Badag (The Big Village ), nu ngabogaan jalinan informasi canggih 
sadunya (Global network information system ).

Kumaha Lur, na teu kabita pikeun ulubiung sosobatan dina dunya maya 
Facebook sapertos nu tos diguar nembean diluhur ? Hayu atuh urang 
ngawitan ti ayeuna sasarengan jaranten anggota sosobatan dina ieu 
situs Facebook. Kalintang diantosna ku pribados sinareng para sobat 
sanesna. Langsung sae kitu tinimbang milarian sobat sewaan nu 
tangtos ageung pisan risikona, boh moral kalih materi. Mendingan 
milih madu-racunna Facebook we. Masih keneh aya kasempetan pikeun 
ulubiung dina sosobatan nu anggotana tos saalam dunya. 

Pamungkas catur ti pribados, mugia katampi haturan salam deudeuh ti 
pribados nu katelah mang Ucup pupuhu Facebook, wilujeng sumping. 
Alamat E-mail pribados: mang.ucup<at>gmail.com

Mang Ucup




------------------------------------

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links






      New Email names for you! 
Get the Email name you&#39;ve always wanted on the new @ymail and @rocketmail. 
Hurry before someone else does!
http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/aa/

Kirim email ke