Baraya sadaya, urang sunda ...

Minggu kamari abdi nembe ngagabung wadah nasional nu disebut Indonesia Bisa. 
Abdi kalebet pengurus nasional, diajak ku sohib abdi urang sulawesi. Tujuan 
abdi ngiringan organisasi eta teh, keur ngaluaskeun jaringan jeung akses. 
Memang teu gampang keur ngabagung kana organisasi model kitu teh. Abdi tos 5 
taun leuwih ngalalanyahan ngarah bisa akses ka bunderan nu kitu teh.

Nu jadi heran, abdi ti urang sunda ngan sorangan anu gabung di organisasi eta 
teh. Loloba namah dulur urang urang seberang, ti sulawesi, sumatera, jawa bah 
wetan, kalimantan, malah ti irian jaya oge aya.

Abdi jadi inget deui, hasil panalungtikan abdi sorangan, nyaeta nu diuk di DPR 
RI hasil pamilu tahun 2004, tina 90 kursi nu ngawakilan dapil jawa barat ngan 
40 urang nu kalahiran tatar sunda, padahal nu diwakilan teh suara tatar sunda.

Ka heranan abdi tambah gede wae, waktos nalungtik pengurus pusat partai-partai 
nu aya, pangurus nu asalna urang sunda mani saeutik pisan.

Tah, eta nembe saeutik hasil panalungtikan abdi, keur ngurkur kakuatan jeung 
kontribusi urang sunda di tingkat nasional.

Padahal tatar sunda teh ngabogaan potensi nu kalintang strategina dibandingkeun 
provinsi laina. Tatar sunda ngabogaan potensi adu tawar nu kalintang gedena, 
diantarana :

1. Jumlah penduduk tatar sunda (jabar 38 juta, banten 9 juta), 22% leuwih. 
Jumlah pemilih lewih ti 20%, mangrupakeun provinsi jumalh pemilih panglobana. 
jumlah suara nu loba ieu cukup pisan mun urang ngarojong calon presiden atawa 
wakil presiden oge.
2. Lokasi geografis, tatar sunda aya ngalingkungan puseur nagara. akses ka 
pusat pamarentahan, jeung wakil rakyat pang deukeutna.
3. Tatar sunda oge ngabogaan sajarah perjuangan jeung karajaan nu kalintang 
kawentarna.

Tah, kulantaran kitu, abdi ngajak ka baraya sadaya, ayeuna tos waktosna urang 
sunda teh kudu harudang, urang tunjukeun urang sunda ge bisa mimpin jeung 
ngolah nagara, lain ngan sa ukur lalajo. Hayu urang hijikeun patekadan, 
sauyunan, silih rojong, urang nyiapkeun kakuatan keur mangsa ka hareup. Urang 
kudu ngabgaan wakil akyat nu loba di pusat, urang kudu ngabogaan 
menteri-menteri di kabinet, oge capres/cawapres.
Hayu urang tunjukeun wawanen urang sunda, ngarah beuki loba urang sunda nu 
ngilu ngolah nagara, jeung bisa ngajuangkeun pangwangunan jeung kasejahteraan 
urang sunda di tatar sunda.

Mugia, pamikiran ieu aya manfaatna keur urang sadaya, jeung nu paling penting 
urang kudu ngabogaan tekad yen urang sunda teh mampu keur ilu biung ngolah 
nagara.

Hatur nuhun ...

Kang Jaja



      

Kirim email ke