dina istilah geologi aya istilah "Sunda plate" patahan nu manjang ti pulau jawa 
ka sumatera malah ka arah lautan india..istilah eskrim ;;;sundae..




________________________________
From: Awan Gunawan <sirawing_peage...@yahoo.com>
To: urangsunda@yahoogroups.com
Sent: Friday, April 3, 2009 5:53:35 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Halo Halo Bandung


hiji
Muhun, di taun lima puluhan Bandung teh ibukota Karesidenan Pringan. Apanan di 
taun lima puluhan oge, Ngaran Provinsi Sunda Kecil teh dirobah jadi Bali, Nusa 
Tenggara Barat jeung Nusa Tenggara Timur.
Duka kunaon, teu pakait jeung Urang Sunda cenah, boa-boa limitisasi sunda...

dua
Ngeunaan 'kau'. Ceuk kurig oge, geus saprak ti lila jelema ti jauh oge teh 
nyaho yeh Bandung teh nyaeta ibukota of Priangan. Maranehna geus sono, geus 
lila teu papanggih jeung Bandung anu ibukota Priangan.

tilu
Dicokot ku saha? Har apanan cenah,
dicokot ku urang Jakarta,
dicokot ku urang wetan,
dicokot ku urang Cina,
dicokot ku urang bule,
dicokot ku jalma nu teu tanggung jawab

mun hayang ngarebut deui kudu boga prestasi, saacan nyieun prestasi, Hudang 
heula...

opat
Kolot baheula teu riuk riuk, muhun da puguh apanan kolot baheula mah masih 
terjajah ku urang wetan. 
Cikan ari ayeuna urang teh masih terjajah atawa geus merdeka?
Tuh geuning, hese ari bangsa urang mah nya. Aya niat tulus, majarkeun hayang 
neangan proyek keur nyieunan plang ngaran...

lima = hiji + opat
Ari kuring mah, nu penting mah, lain hayang hayang teuing ngarobah ngaran.
Nyaah kuring mah. Kuring lain menak lain bangsawan, nu kitu ge teu nyaah 
geuningan.
Jeung kuring mah sangsi mun jawabana teh 'geus merdeka'.




________________________________
From: Kang Iman <firman.raharja@ urang-sunda. or.id>
To: urangsu...@yahoogro ups.com
Sent: Friday, April 3, 2009 4:34:07 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Halo Halo Bandung


Ide mere ngaran provinsi baheula teh dumasar kana ngaran pulo tempatna
pedah cenah supaya leuwih rasa indonesa
terus pas aya pemecahan provinsi ..... paroho kana konsep eta
der weh sababaraha provinsi ngaranna jadi ngaran asal karajaan anu pernah aya 
didinya
aya oge anu ngaran suku didinya

asana mah baheula ge waktu mimiti di jieun ngaran jawa barat asa teu riuk riuk 
kolot teh
keur naon ayeuna hayang ganti ? naha hayang aya proyek ganti plang sa jawa 
barat ?

dina conto bah iwa ge nagn sabarahiji anu sarua jeung ngaran suku na
boa boa teu jadi provinsi sunda malah jadi provinsi rorombeheun

 





2009/4/3 H Surtiwa <surt...@gmail. com>

Propinsi Jawa Tengah/Timur. .jelemna urang Jawa
Propinsi Jawa Barat jelemana urang Sunda
Propinsi Banten jelemana urang Sunda
propinsi DKI Jakarta jeleman Betawi/sagala jelema
Propinsi NTB jelemana urang urang Bali/Sasak/Sumba
Propinsi Maluku jelemana urang Ambon/Maluku
Propinsi Sulawesi Selatan jelemana urang Bugis/Mandar
Propinsi Sulteng jelemana urang Toraja
Propinsi Sulawesi Utara jelemana urang Manado
propinsi Gorontalo jelemna urang Gorontalo
Propinsi Kaltim jelemana Kutai/Dayak
Propinsi Kalsel jelemana urang Banjar
Propinsi Kalbar jelemana urang Pontianak/Dayak
Propinsi Sumsel jelemana urang Lampung/Palembang
Propinsi Sumatera Utara jelemna urang Batak
propinsi Sumatera barat jelemana urang Padang  

Ari di Propinsi sejen mah ngaran Geografis teh sarua jeung ngaeran 
etnisna...Etnis Sunda nyicingan di 2 Propinsi



On 4/2/09, arif ramdlan <riframadlans@ yahoo.com> wrote: 
akang akang wajib baca buku Aceh di Mata Urang SUnda..
geus terbit tuh bukuna... heh eehehe
ceuk saya bener urang kudu boga Provinsi ngarana Priangan...
saya geus lila gogorokan soal eta,..
eh kadong disaleungseurikan. .

Sunda itu sanes Jawa, 
jawa oge sanes Sunda...
kumaha tah? erek anggeur wae ngaran Jawa Barat?

Hudang!!!!

Arif Ramdan


--- On Thu, 4/2/09, Awan Gunawan <sirawing_peageers@ yahoo.com> wrote:


From: Awan Gunawan <sirawing_peageers@ yahoo.com>
Subject: [Urang Sunda] Halo Halo Bandung
To: urangsu...@yahoogro ups.com
Date: Thursday, April 2, 2009, 3:19 AM


Sampurasun Baraya sadaya,
kumaha daramang?

Tos lami si kuring tara kutrak ketrok dinu kibod.
Ayena jadi hoyong lalaguan, judulna teh Halo-halo Bandung,
ceuk cenah mah jieunan Ismail Marzuki, tapi duka teuing.

Yu, babarengan,
hiji. dua.. tilu...

-=-
Halo Halo Bandung
Ibu kota Priangan
Halo Halo Bandung
Kota kenang-kenangan
Sudah lama beta tidak berjumpa dengan kau
Sekarang sudah menjadi lautan api
Mari Bung rebut kembali
-=-

Tuh tinggali, Bandung teh ibu kota Priangan, lain ibu kota Jawa Barat.
Tuh tinggali, geus ti saprak lila jelema nu ti jauh oge nyahoo ngeunaan eta 
perkara.
Nu matak, mun ek ngarobah ngaran jadi Provinsi Priangan, geus sapatutna, eta 
mah hak urang, geus puguh loba jelema nu geus nyahoo.

Ayeuna Bandung geus panas, geus rumeuk, geus heurin ku tangtung.
Ceuk cenah, Bandung bakal mulang deui jadi danao lamun Bandung geus heurin ku 
tangtung.

Kumaha atuh? Duka teuing...

Hayu urang hudang...
Hayu urang bergerak...
Hayu urang rebut deui...

Atawa,

Antep sina titeuleum deui, jadi danao deui,
sahingga jaga, Priangan jeung eta Ibu kotana ngan ukur jadi kenangan wungkul.


Cag ah,
Si Rawing

 







      

Kirim email ke