Bah Iwa, Dapil Subang, Sumedang, Majalengka kaasup kantong PDIP di Jabar.  Jadi 
teu aneh PDIP meunang didinya. Kamungkinan gede nu milih teu ningali calegna, 
tapi parteyna. Poe minggu kamari kuring ka Sumedang, nganjang ka lembur. Di 
desa lembur kuring, nu meunang PDIP, kadua Golkar. Demokrat ukur nu katilu. 

Lucuna aya Caleg DPR Pusat ti Golkar ti Dapil ieu nu pamajikanana urang lembur 
kuring (malah kuring dulur misanna ..hehehe) "saingan" jeung minantu dulur 
misan oge, nu jadi caleg DPRD keur PDIP. Atuh  basa kampanyeu teh di lebah imah 
almarhum pun Ua tingkebet bandera beureum cap sapi lintuh, ngised saeutik ka 
palebah tonggoh, palabeh imah pun Bibi,  bandera golkar reuteum ....

Ka ki lanceuk nu netep diditu teh, lieur henteu eta dulur pabeda-beda kitu? Ah 
teu lieur, da tara ngarajak ngobrol soal politik, disangka PKS meureun, cenah 
bari ngabarakatak .....

Baktos,
WALUYA

> --- In urangsunda@yahoogroups.com, H Surtiwa <surt...@...> wrote:
>
> Aya dua nuansa..ieu US teh lain resep ka US tapi resep ka 
> Partey...khususna
> PDIP anu gumbar gembor parteyna wong cilik (bener henteuna duka 
> teuing ?).
> Hayang Sembako murah hartosna ngancurkeun Pa tani..anu lolobana wong
> cilik....lamun reueus ka US mah nya pilih USna..parteyna mah 
> nanahaon
> wae...........
> 


Kirim email ke