Kang, dilembur simkuring mah, di Tangerang. kunang-kunang teh basa sunda na
Kica-kica... sanes Cika-cika.... teu kaci cika-cika mah, kaci na kica-kica..

 

 


 
<http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/message/139828;_ylc=X3oDMTJzaWs5Z2
lpBF9TAzk3MzU5NzE1BGdycElkAzE4NjIwNTYEZ3Jwc3BJZAMxNzA1MDEzNTU2BG1zZ0lkAzEzOT
gyOARzZWMDZG1zZwRzbGsDdm1zZwRzdGltZQMxMjQxMDcwNjg0> Anjing "Hurung"..... 


Posted by: "waluya2...@yahoo.co.id"
<mailto:waluya2...@yahoo.co.id?subject=%20re%3aanjing%20%22hurung%22%2e%2e%2
E%2E%2E> waluya2...@yahoo.co.id    <http://profiles.yahoo.com/waluya2006>
waluya2006 


Wed Apr 29, 2009 9:48 pm (PDT) 





Keur budak di lembur, kuring boga anjing. Anjing kampung nu sok maturan ari
moro bajing. si Geboy aranna teh warnana hideung leteng. Hiji waktu aya
semah ka pun Aki, nu hayang nyekar ka makam Uyut peuting-peuting. Nya Aki
teh nitah kuring jeung balad nganteurkeun ka makam uyut. SI Geboy ngiclik
nuturkeun. Di makam teh poek mongkleng teu kaciri curuk-curuk acan. 

Biasa nu nyekar mah sok mawa tapas kalapa terus diseungeut dipurulukan
menyan. Der weh ki semah ngadoa bari parupuyan tina kapas kalapa ngelun.
Beres weh nu ngadoa teh, langsung kalaluar ti kompleks makam. Na atuh acan
oge jauh ninggalkeun makam, ari rongheap teh ningali parupuyan ngadak-ngadak
maju, siga ngalayang tina taneuh, ngadeukeutan. Ampir ngajarerit bakating ku
sawan, ngan untung kaburu sidik heula, geuning parupuyan teh digegel terus
dibabawa ku si Geboy nu nuturkeun balik. Dasar anjing keur kumincir ....

Tah supaya ulah kajadian siga kitu, kumaha lamun "diciptakeun" anjing hurung
siga cika-cika, jadi sidik sanajan poek mongkleng oge? Kabeneran aya Elmuwan
Korea geus hasil ngloning anjing tur diselipkeun gen fluorescent nu
nyababkeun "anjing" hurung lamun ti peuting siga cika-cika (kunang-kunang)
.....

 

Kirim email ke