"HIRUP KATUNGKUL KU UPAH, PAEH TEU NYAHO DIWAYAH"
 
Kitu ceuk paribasa kolot sunda baheula, anu hartina kirang langkung kieu :
jalma hirup gumelar di alam dunya geus takdirna tidituna kudu nyiar kipayah 
keur kahirupan, anu jadi raja, sodagar, ajengan, jst, malah aya slogan ceuk 
urang kulon mah Time Is Money cenah, jalma hirup di alam dunya salain ti kudu 
nyiar kipayah, oge manusa teh mahluk sosial anu ngabutuhkeun bantuan ti nu 
sejen, tah dasar pasipatan munusa sok teu dibedakeun pagawean keur nyiar 
kipayah jeung sosial, loba anu sakuduna pagawean sosial jadi lain sosial, 
contona jalma daek tutulung ka batur jalaran hayang beunang kauntungan pribadi 
boh materil jeung non materil, materil puguh duit harta, jst, non materil 
hayang dipuji ku batur, malihan sok aya kecap kieu jalaran dibantuan ku aing 
sia bisa sukses siga kieu, aya oge anu radikal siga kieu sia mah bisa hirup 
jalaran dtulungan ku aing mun euweuh aing mah sia moal bisa hirup, aya jalma 
daek nyumbang ka masigit kudu diumumkeun ngarah kasebut dermawan, aya jalma 
nyumbang budak yatim ngarah sohor, malihan teu saeutik
 oge jalma daek ibadah shalat, puasa lantaran keur aya masalah, beres masalah 
poho deui, boa boa oge lamun ku kanjeng Nabi teu dibejaan pahala ibadah teh 
bisa asup ka sawarga moal aya jalma anu daek ibadah, jadi UPAH didieu lain 
mangrupi harta, duit bae, kaasup oge pujian ti batur, oge harepan beunangkeun 
kahayang, padahal anu ngaranna "PAEH MAH TEU DIWAYAH", rek kolot budak, isuk 
beurang, bisa bae kajadian


      

Kirim email ke