Peuting dina TVone aya wawancara ekslusip jeung mantan alias urut Komandan 
Densus 88, Brigjen Pol (Purn) Suryadarma Salim. Sang jenderal salila 6 taun 
ngomandanan pasukan khusus anti teror pulisi. Cenah manehna kakara ayeuna bisa 
diwawancara ku media, sanggeusna pangsiun. Sang jendral nu dedeg pangadegna 
jangkung badag, nyariosna parondok jeung tegas. Hiji ciri khas nu nunjukkeun 
manehna jalma lapangan nu biasana teu pati bisa nyarita panjang lebar.

Hanjakal pisan waktu lalajo, listrik pareum aya 15 menitna, geus kitu siaran 
TVonena sorangan nu masalah, pegat-pegat. Tapi sanajan kitu aya nu narik dina 
wawancara ieu. Ceuk Sang jenderal, Indonesia geus asup sasaran teroris 
internasional Al Qaeda. Nurdin M. Top urang Malaysia, sabenerna pupuhu Al Qaeda 
Asia Timur (Tapi ceuk Al Haidar mah lain, dina wawancara saentasna acara 
wawancara jeung sang jenderal). 

Pamadegan Sang Jenderal ieu dikuatkeun ku kanyataan nu diwartakeun ku koran 
Kompas poe ieu: Geus sababaraha bulan katukang, Indonesia diriweuhkeun ku 
datangna rewuan imigran "gelap" nu asalna ti Afghanistan jeung Pakistan. Bisa 
wae diantara imigran gelap teh aya teroris Al Qaeda. Ditambah deuih ku 
kanyataan dana waktu Bom Marriot I di taun 2003, dimodalan ti Pakistan, 
ngaliwatan Gun Gun, nu adina Hambali nu ayeuna ditahan di panjara Guantanamo 
Cuba  (Gun Gun ditewakna ku aparat kaamanan Pakistan).

Sang Jenderal oge nolak pendapat bom nu di Marriot jeung Ritz Carlton aya 
hubunganana jeung Pilpres. Ceuk manehna para teroris ieu, teu paduli kana 
kaayaan politik lokal, tapi leuwih ditujukeun "hayang nempokeun" ka dunya 
internasional.

Kunaon Nurdin M. Top teu beunang-beunang? Ceuk sang jendral Nurdin teh manusa 
"smart", para teroris lain budak Taman Kanak Kanak, tapi bener-bener jalma 
kalatih. Nurdin hese katewakna kulantaran pinter milih HABIBAT NU TEPAT keur 
nyumput. Duka naon nu dmaksud "HABIBAT NU TEPAT" ku sang Jenderal teh ....

Sang jenderal oge boga cara dina ngurangan radikalismeu. Di Indonesia jalma nu 
ditewak ukur dipanjara, tapi teu dibina. Atuh lamun kaluar ti panjara teh bisa 
balik deui kana habibatna. Sang jendral nyarankeun para teroris nu dipanjara, 
dibina ku kaum ulama, tepi ka sadar yen faham manehna teh salah. Kitu deui 
sakaluar ti panjara, kudu dibina jeung dibere PAKASABAN NU JELAS ...supaya poho 
kana ideologi radikalna. Sang jenderal ngabuktikeun sorangan, manehna ngabina 
sababraha urang, ayeuna aya nu jadi pedagang kaki lima, aya nu jadi tukang kueh 
....

Sabenerna loba deui nu dicaritakeun ku Sang jenderal. Aya nu bade nambahan 
atawa ngoreksi, bisi kuring salah tangkep?

Baktos,
WALUYA

Kirim email ke