Si Astahiam maot, manehna ngadigdig kalawan yakin pisan, nuju ka panto gerbang 
Sawarga. Di panto gerbang Sawrga manehna dicegat ku malaikat.

Malaikat: " Naon nu nyababkeun maneh yakin yen maneh bakal asup ka Sawarga?

Si Astahiam: "Tilu minggu katukang, kuring mere duit saratus rewu ka jalma 
tanpadaksa!"

Malaikat: "Naon deui?"

Si Astahiam:" Dua minggu katukang, kuring mere duit saratus rewu ka tukang 
jajaluk!"

Malaikat: "Aya deui?"

Si Astahiam: " Tah minggu kamari mah kuring nyumbang saratus rewu ka panti 
asuhan!"

Malakiat: "Ke atuh, dagoan sakadeung"

Malaikat terus ngaleos kajero, tapi teu lila, kaluar deui bari nyarita ka si 
Astahiam: "Kuring geus ngabahas kasus anjeun jeung Bos di jero, pamadeganNA 
sarua jeung kuring. Ieu duit anjeun nu 300,000 rupiah tea. Cig kadituh indit, 
anjeun teu pantes asup ka Sawarga!"


Baktos,
WALUYA

Kirim email ke