Nyi Iteung jadi bendahara di hiji yayasan amal jariah, manehna nyekel brankas keur nyimpen duit. Hiji waktu manehna rek muka brankas, Na atuh lat we poho kombinasi koncina. Diutak-atik, angger we teu kabuka. Panik, tungtungna manehna ngageroan atasanana, Pa Ustad, menta tulung.
Pa Ustad datang mantuan, manehna nyobaan muter-muter konci kombinasina, tapi kaciri ragu-ragu. Sajongjongnan manehna ngahuleng, tapi terus tanggah semu nu khidmat pisan, lalaunan babacaan. Geus kitu, kalawan yakin, manehna muterkeun konci kombinasi, bray weh brankas teh kabuka. Nyi Iteung kacida takjubna: "Abdi kacida reueusna ku iman Pa Ustadz nu sakitu kuatna" "Ah sabenerna mah lain nanaon, nomer kombinasina ku kuring di tempel dina lalangit, rada disumputkeun!", ceuk pak Ustad teh kalem .... Baktos, WALUYA