Saurang Bapa satengah tuwuh nyarita ka nonoman nu sajok dina kareta Api: "Hirup 
nu paling genah tumaninah mah jaman Sukarno jeung jaman Soeharto, ari jaman 
Habibie, Gus Dur, Megawati jeung SBY mah wah sagala susah"

"Kunaon bapa nyarios kitu?", ceuk si nonoman teh rada kasigeung da bubuhan urut 
aktivis 1998 nu nurunkeun Suharto.

"Kieu Jang, di Jaman Soekarno mah bapa budak keneh, hirup senang da diparaban 
kolot. Atuh jaman Suharto bapa dikawinkeun ku kolot terus disubsidi kahirupan 
teh ku kolot. Tapi dijamanna Habibie, Gus Dur, Megawati jeung SBY mah, kolot 
geus euweuh, bapa kudu digawe banting tulang maraban pamajikan jeung kalima 
anak bapa!


Baktos,
WALUYA



Kirim email ke