Ngaranna sok katelah Bah Omon, ari umurna mah kira-kira aya meureun 60 tahunan. Ceuk cenah manehna teh pernah ngasaan jaman jepun, basa hijrah ka Yogyakarta. Basa kungsi carita teh manehna apaleun lagu jepunna komo lagu keur olahragamah.
Ci abah teh sok beuki banyol oge, mun kuuing ditanya the “Bah bade kamana”, celetukna “Kaditu Kadieu, Kaditu Kadieu” jadi weh ear mun nu ngadenge teh. Aya oge mun ditanya bah bade rook, ceuk manehna nyeuletuk “ieu mah lain roko, ari roko mah daun kawung dikerok trus make baku”, ceuk uing teh bisa wae ieu olot. Ci abah ieu pakeyanna the sok make jas coklat nu geus rada kolot, jeroanana pake kaos bodas, kahandapna sok make calana bahan hideung, ari buukna sok ditutupan ku pici hideung, sok komo tambah ginding sok make kacamata hideung rada digayakeun kawas dokter tea. Mun kamana-mana teu poho sok mamawa tas hideung teuing naon isina. Ci abah ieu teh sok datang ka warungna Mang Otjid, sok komo ari datangna teh kira-kira jam 7 peutingan atawa jam salapan peutingan, sabab ilaharna manehna sok ngideur atanapon ulin heula alias ngideur kamana mendi sakapeung mah ku uing sok kapangggih di sisi jalan tol jagorawi. Tah ilaharna sok datang ka Cidangiang teh alias sindang ka warung mang otjid teh sok ngajak sasalaman ka barudak didinya, laju weh sina dahar ku mang otjid teh, sakapeung mun aya barudak nu keur nyeuri sirah, atawa kacaletot urat sok di pang urutkeun ku manehna. Tah sanggeus daang teh ilaharna ku barudak ge sok dipangmerekeun udud, nya ari udud n amah naon weh , ari kareuseupna mah roko karetek sok komo roko samsu mah, ngarah awet cenah, ari roko filter kawas mild kitu mah teu karasa jeung leutik teuing. Tah biasa sanggeus rada salse sok aya nu menta , “Bah ieu sirah rada beurat yeuh, cikang sugan pang urutkeun”. Tah ku ci abah sok di urutkeun nya ilaharna tukang urut, ngurutna ge sok tarapti, ti handap nepi ka luhur, ti tatktak nepika sirah. Jeung ku anehna mun diurut teh sok disada ctek.. ctek.. ceuk manehna mah ieu teh asup angin cenah. Tapi kungsi oge aya babaturan diurut, cenah ceuk ci abah the “ wah ieu mah kawas ngurutan gajah”, ku babaturan dibanyolan deui “wah bah ieu mah karek anak gajah, bapak gajah na acan” deur weh ear, Ci Abah cakakak. Eta bangsa kungsi diurut ku ci abah ci babaturan teh lamokot pisan ku handbody nu dicampur ku minyak kayu putih, atuh da cenah mun teu kitu di urut teh bisi peureuseun. Panan ari pake handbodymah rada leureun jeung seungit, nya saawak-awak oge jadi beresih ku hanbody. Aya deui ari sanggus di urut teh sok mere kadeudeh babaturanteh, nya ari waragadna mah standard weh, sanggeus diurut sok sina nginum cai laju dibere udud, ari ci abah mah maklum sibuk mereun loba panggilan jadi langsung mangkat deui, nya sakapeung handbody ci abah urut dipeuseul teh masih seungit keneh. Yayan Mulyana, Yayan[dot]m[at]gmail[dot]com,http://balebat-online.co.cc