poe ieu, 29 desember 2002, tujuh taun kaliwat, si kuring jatukrami jeung anak 
mitoha aka indungna barudaks.

nu pangheulna inget teh, salian anak mitoha oge dua incu mitoha, mitoha jeung 
kolot sorangan, oge baraya kusnet. sabab sasatna, baraya KUSnet, Ua Sasmita, 
Bah Willy, Bah Toto, kang Maman Gantra, kang Arovach Bachtiar, kang Oman Manar, 
kang Mamat Rachmat, ogenu sanesna,  milu memeres urusan jatukrami si kuring nu 
kaitung telat.

ti saprak nanyaan tug nepi ka prung kawin, oge resepsi. Ua Sasmita malah jadi 
saksi ti pihak si kuring. nuhun kana pangrojong baraya KUSnet, nu di bdg na, 
oge nu di jkt. da ongkoh si kuring kawin teh rada telat. umur geus 35. kanu 
acan, tong ditarurutan kawin telat :)

fotona di simpen di file photo kusnet, urangsunda@yahoogroups.com, oge di 
facebook si kuring. 
http://www.facebook.com/photo.php?pid=395179&id=1438907396

geus boga bati dua, awewe wungkul 6 jeung 3 taun. keur meumeujeuhna kembang 
buruan.


hatur nuhun. 

mj

Kirim email ke