Punten nambihan.
kawul : hulu tangkal kawung nu aya di jeroeun kalokop palapah, kawul sanggeusna 
dikeueum ku cisapu pare terus dipoe nepi ka garing, geus garing pisan sok ruhay 
lamun diteker ku paneker.

tihul / bugel / bontot  = suluh gede tina kai golondongan, henteu dibelahan 
heula, anu dihaja sina ruhay bae, gunana supaya babari pikeun 
isukna/sorena,lamun rek ngadurukan/ngahurungkeun seuneu/nyundut ududeun ngala 
seuneuna ti dieu.
tihul / bugel biasana ruhay dina durukan di huma / sawah / kebon , ari bontot 
biasana ruhay di jero hawu. 
 
Hapunten
gagak hideung




________________________________
Dari: Siddik Wiradireja <cikund...@yahoo.com>
Kepada: urangsunda@yahoogroups.com
Terkirim: Sel, 30 Maret, 2010 08:41:46
Judul: [Urang Sunda] 3 "UL" nu matak pabaliut

  
Heuheu...gara- gara tiwul jadi pabaliut sareng tihul, kawul, cik-cik urang 
bebenah, pang lereskeun upami lepat sareng tambihan upami kirang

kawul : memerang tangkal kawung kanggo ngahurungkeun paneker
tihul :  suluh badag tina bongkot kai, ambeh seuneu hawu ruhay
tiwul : katuangan didamel tina parudan sampeu..
leres kitu...???? 

ssw

http://cikundul3. multiply. com
Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda
Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda

 




      
___________________________________________________________________________
Yahoo! sekarang memiliki alamat Email baru.
Dapatkan nama yang selalu Anda inginkan di domain baru @ymail dan @rocketmail. 
Cepat sebelum diambil orang lain!
http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/id/

Kirim email ke