Tah dina lampiran gambar tetenong teh.

Di lembur uing mah, Garut Kaler, teu pati dikenal tetenong teh.
Mun ninggali wangunana mah jiga paragi masak bapao babah.

Nu dipake wadah pikeun nganteuran ka sawah teh biasana make boboko.

2010/5/4 oman abdurahman <omana...@gmail.com>

>
>
> Kang Mamat jajakakapaksa (ti baheula, teu sadar-sadar geus teu jajaka teh
> hehehe),
>
> Punten si kuring mimitina mah rada dikaweurkeun ku istilah "ngabentuk dua
> tabung", pedah ari gambaran tabung mah rada jangkung, nepi ka sakedapan rada
> kerung. Bener ceuk Mj, sigana anu dimaksud ku kang Mamat teh eta anu disebut
> "tetenong" tea.
>
> Kungsi kaalaman keur budak mangsa resep kana tetenong atawa ngadadak
> gumbira lamun nguping atawa ningal lapat-lapat aya anu nyuhun tetenong. Ieu
> wadah katuangan teh sigana kungsi ngaraja di pilemburan Tatar Sunda jero
> sabaraha dasawarsa. Teuing ti iraha ieu alat dapur anu populer pisan di
> padesaan harita, khususna di Priangan Timur, mimiti diciptakeun. Ngan anu
> kasaksian ku sorangan - minimal di lembur sorangan - mimiti pareumna teh kl
> awal taun 80-an nepi ka lesna pisan danget ayeuna (sigana).
>
> Keur umuran SD, akhir taun 60-an awal 70-an, resep pisan nganjang ka imah
> pun nini. Utamana, lamun geus sup ka dapur bumi anjeunna da disauran ku anu
> jadi nini, laju kareret pun nini teh muka tetenong. Teu lila golosor ka
> hareupeun aya pais lele diwadahan ku piring lodor motif kembang eros beureum
> sagagang di beulah sisina, jeung sanguna sangu beureum sapiring. "Geura
> dahar heula, jang, ieu nini boga pais lele meunang ua anjeun nguseup ti
> balong, sanguna sangu beureum deuih ti sawah Kajongan", saur pun nini
> ("Kajongan": ngaran salah sahiji kampung di desa kuring baheula).
>
> Lah waas, pais lele balong, lele alami tea lain lele dumbo, sanajan leutik,
> tapi pedona moal kaelehkeun ku lele dumbo (anu bisa nandingan pais lele
> alami keur kuring taya lian ti beuleum lauk Tawes). Eta salah sahiji jasa
> tetenong: paragi nyimpen pais lele jeung sanguna sangu beureum, keur incu.
> Atawa - sacara umum - keur nyimpen sangu jeung rencangna.
>
> Katuangan disimpen dina tetenong tayohna ameh teu digembrong laleur atawa
> supaya teu kakeunaan ku kokotor sejenna. Jadi, dina pigunaan tetenong ieu
> aya unsur higienis, penghormatan oge kejutan. Higienis jeung ngahormat ka
> anu diancokeun katuangan tina tetenong, sahenteuna, katuangan teh teu
> digolar-goler teuing ari disimpen dina tetenong mah. Anapon kejutan, eta
> kusabab urang teu apal naon katuangan anu rek dihidangkeun samemeh
> tetenongna dibuka.
>
> Jasa tetenong anu sejenna, sagigireun tempat nyimpen sangu jeung rencangna
> di dapur teh, taya lian ti tempat keur NGANTEURAN. Istilah "nganteuran"
> baheula di lembur kondang pisan keur pagawean ngirim sangu jeung rencangna.
> Rupa-rupa alesan atawa tujuan hiji jalmi atawa kulawargi dianteuran
> katuangan. Bisa ukur kaasup catetan anu pantes dikirim ti hiji kulawarga anu
> keur ngayakeun hajatan atawa kariaan (sunatan atawa kawinan). Bisa oge jalmi
> anu geus nyieun jasa, upamana, lebe anu tos ngawinkeun.
>
> Baheula mah kalolobaanana anu ngawinkeun, di kampung, tempatna teh di bumi
> panganten isteri wae. Geus jadi kabiasaan, anu gaduh hajat teh, khusus ka
> lebe atawa ka kuwu jeung ka pajabat desa sejanna, osok ngirim katuangan, nya
> nganteuran tea. Tah, alat pikeun nganteuran atawa wadah keur nyandak ieu
> katuangan keur lebe, kuwu jeung sajabana teh nya dina tetenong tea ku cara
> disuhun ku isteri.
>
> Nganteuran oge bisa ditujukeun pikeun anu tos ngalahirkeun. Umumna hiji
> isteri anu rada kapandang di masyarakat anu sok dianteuran saba'da
> ngalahirkeun teh. Anapon anu  nganteuranana nya anu ngarasa kahutangan jasa
> ka kulawarga anu ngalahirkeun. Nganteuran di dieu oge biasa make alat
> tetenong tea ku cara: disuhun.
>
> Nganteuran sejenna nyaeta nalika nyuguhan anu keur digawe. Umumna anu keur
> digarawe ngolah sawah atawa kebon atawa ngabedahkeun  balong. Biasana,
> waktuna nyuguhan teh wanci pecat sawed tea (sawed: alat ngawuluku, pasna mah
> paragi ngangkalungan beuheung munding anu dipake ngawuluku supaya anu
> ngawulukuna bisa ngadalikeun eta munding dina narik wuluku sakumaha anu
> dipikahayang. Dina wanci pecat sawed, kl antara tabuh 10-11, eta sawed teh
> diudar atawa diuculkeun tina beuheung munding, laju mundingna sina reureuh
> di nu iuh - di sawah pun bapa mah di Sindang, geus maneuh, handapeun tangkal
> Bembem reureuhna ieu munding teh - bari ngeueum). Di dieu oge sami, mawa
> tetenong keur nganteuran teh ku cara disuhun.
>
> Tina pedaran di luhur, tiasa dicandak sababaraha kacindekan (hehehe, Mj,
> duka ieu naha tiasa kaasup segi estetika atawa etika atawa ..."tika"
> sanesna, tina tetenong? hehehe). Kahiji, tetenong teh alat rumah tangga
> masyarakat Sunda, khususna di dapur, bil khusus deui isteri anu biasa
> ngagunakeunana. Anu kaduana, salah sahiji kapraktisan tetenong salaku alat
> sapopoe hirup kumbuh masyarakat padesaan harita nya dina nyandakna tea tiasa
> ku cara disuhun (kukituna anu nyandakna teu ngarasa beurat sok sanajan eta
> elat sapanjang jalan ka bumi tujuan disimpen dina luhur sirah alias disuhun
> tea, sabab eusina ukur sababaraha piring dieusi sangu jeung rencangna; oge
> teu ngarasa kapanasan sok sanajan sapanjang jalan bari nyuhun tetenong teh
> panon poe nojo manasan).
>
> Anu katiluna, nya aya unsur laku higienis jeung penghormatan dina nyimpen
> katuangan jero tetenong atawa nyuguhkeun katuangan tina tetenong teh.
> Kaopatna, aya unsur kejutan tea (kaalaman pisan sorangan kungsi degdegan,
> katuangan naon nya anu rek dikaluarkeun ku pun nini tina tetenong? malah
> lain di bumi pun nini wae degdegan teh, dalah di rorompok oge mindeng pisan
> jalaran pun biang oge harita masih nganggo tetenong). Kalimana, nya teu aya
> deui lian ti pakait jeung tutuwuhan hebat anu loba kapanggih jeung
> dimanfaatkeun ku masyarakat Sunda di Tatar Sunda, beheula, anu ayeuna
> kapopohokeun: AWI
>
> Cag heula, sugan ka hareup lamun pareng urang teruskeun ku pedaran alat
> dapur sejenna di Sunda baheula, dulurna tetenong: "janong" alias gabungan
> meJA jeung teteNONG.
>
> manar
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
> 2010/5/4 <ja...@itenas.ac.id>
>
>>
>>
>> Tetenong sigana eta mah kang. Di jerona dibagi opat lima kapling tempat
>> kos babaturan sangu atawa deungeun sangu tea.
>>
>> Powered by Telkomsel BlackBerry®
>> ------------------------------
>> *From: * "mamat" <mrach...@telkom.co.id>
>> *Date: *Tue, 4 May 2010 07:29:42 +0700
>> *To: *<urangsunda@yahoogroups.com>
>> *Subject: *Re: [Urang Sunda] re: tumaros BESEK
>>
>> Kang Oman, ari wadah anu bentuk alasna lingkaran kl 50-60 Cm dianyam tina
>> awi biasa, sisina (kurilingna) tina awi gombong anu lebar kl 15 Cm kandel 5
>> mm (teu dinyamkeun estu sa-aslina awi) ngabentuk 2 tabung, diameter 50-60
>> Cm, jangkung 15 Cm, aya luhur jeung handap, eta teh presisi pisan mun
>> diasupkeun teh ngepas...
>> kadang-kadang keur seserahan atawa nyaba ka Kota...naon namina?
>>
>> Wass
>> Mamat Rachmat mantan jajaka kapaksa
>>
>>
>>
>> ----- Original Message -----
>> *From:* oman abdurahman <omana...@gmail.com>
>> *To:* urangsunda@yahoogroups.com
>> *Cc:* kisu...@yahoogroups.com
>> *Sent:* Tuesday, May 04, 2010 6:14 AM
>> *Subject:* Re: [Urang Sunda] re: tumaros BESEK
>>
>>
>>
>> Syukur Mj, kaburu ngalongok Kp. Naga. Nyeta ngotektak neangan nmr Hp ki
>> kuncen - pedah ti heula asa kungsi nyatet - weleh teu kapanggih, teuing
>> sigana kapupus basa pindah hp.
>>
>> Ngeunaan pabesekan, sarupaning wawadahan tina awi, lian ti "besek" jeung
>> "pipiti", sakumaha geus disebutkeun, di lembur uing baheula (hiji desa di
>> kabupaten Ciamis, pasna di Kacamatan Lumbung), aya anu disebut "tingkem".
>> Taun 60an akhir nepi ka 70an awal, pun bapa biasa ari barang kirim katuangan
>> (goreng lauk, opak, rangginang, jsb) keur baraya di kota teh atawa bebekelan
>> ka anu rek ka nyaba kota, diwadahan ku tingkem.
>>
>> Upama ditataan singget, sigana tangtungan anu 3 rupa wawadahan di luhur
>> teh siga kieu:
>>
>> 1) Pipiti : dijieun tina awi ku cara awi diipiskeun jeung dilemeskeun
>> laju  dianyam. Ukuran besek kl 20 cm x 20 cm x 7 cm atawa saukuran tegel anu
>> leutik. Fungsi pipiti - baheula (taun 70 an) anu kasaksian ku sorangan -
>> umumna keur wadah katuangan salaku pamulang ka anu nyarecep nalika
>> nyambungan (mere artos atawa bahan-bahan tauangeun ka anu rek hajat) di
>> kampung. Nya pipiti oge sok digunakeun keur wawadahan bahan-bahan kayaning
>> bumbu dapur, jsb, di paimahan di kampung;
>>
>> 2) Besek: Sacara bahan jeung cara nyieun sigana teu beda ti pipiti, ngan
>> bahan leuwih badag ukuranna jeung leuwih pilihan awina teh, sigana. Anu
>> jelas pisan mah ukuran besek pasti leuwih gede (leuwih jangkung oge) ti
>> pipiti. Nya kitu lah bangsa antara 30-40 cm2 (mungkin aya anu leuwih badag
>> deui) kalayan jangkungna bisa nepi ka antara 15 - 20 cm. Fungsina, nya
>> tangtu leuwih gede tina pipiti. Lamun dipake pamulang anu nyambungan oge
>> tangtu besek mah keur pamulang panyambungan kelas badag. Atawa keur
>> sisimpenan barang atawa bahan anu leuwih aya hargaan.
>>
>> 3) Tingkem. Tah, ari tingkeum mah- anu tembong pisan bedana jeung
>> besek/pipit - nyaeta bahan jeung cara nyieunna. Bahanna memang awi keneh,
>> tapi leuih kasar. Malah keur tingkem mah, sigana awi teh teu pati digawean
>> teuing, ukur deibeulahan sagede-gede cinggir orok laju dianyamkeun. Tingkem
>> kasawangna djieun ukur keur wawadahan (utamana kadaharan) sakali pake wae.
>> Ukuran badagna tingkem anu kuring apal aya 2 jenis: anu leutik, kl 30 x 20 x
>> 20 cm; jeung anu badag kl 2 kali ukuran anu leutik.Hiji hal deui anu
>> ngabedakeun tingkem jeung pipiti/besek : tingkem mah pasti aya paragi
>> ngajingjingna di sisi/beulah luhurna (besek oga sakapeung sok make paragi
>> ngagigiwingna).
>>
>> manar
>>
>>
>>
>> 2010/5/3 mj <ja...@itenas.ac.id>
>>
>>>
>>>
>>>
>>>
>>> Kamari nganjang ka kampung naga, balik heula ka lembur ngalongok indung
>>> bapa. Ti gunungcupu kang sajam saparapat kana bebek, dibonceng ki adi. Ti
>>> sindangkasih teh ka kota tasik terus ka jurusan singaparna (ayeuna jadi
>>> ibukota kabupaten tasik), terus salawu (kacamatan), kampung naga ayana di
>>> desa neglasari salawu.
>>>
>>>
>>>
>>>
>>>
>>> Teu mawa surat pengantar, tinggaleun, hadena aya urang dinya nu jadi
>>> guide teu resmi, ngajak ka imah sepuhna  Nya sakalian tetelepek bari motoan
>>> bari ngukur itu ieu. Wawadahan pare beas sangu tea. Manggih said tea, boboko
>>> gede, jeung sajabana. Ngan rek moto jero goah teu meunang cenah. Nya ngan
>>> foto pantona we. Tapi prinsipna mah sarua, aya pabeasan nu tina gentong tea,
>>> meuli cenah ti pasar garut atawa singaparna. Kitu deui seeng.  Beres tunyu
>>> tanya, bari moto jeung ngukur boboko, said, aseupan, tampir, nyiru, jrrd,
>>> diajak ka imah wakil kuncen pikeu nulis  ngaran/rombongan/institusi di buku
>>> khusus nu naliti. Tapi aya nu kaliwat, teu moto leuit. Padahal teu loba
>>> leuit di kampung naga mah, salian sawareh parena pare murag, oge lahan
>>> kampung naga geus heurin ku paimahan. Ari saung lisung mah loba sababaraha
>>> hiji deukeut/luhureun balong.
>>>
>>>
>>>
>>> Teu motoan imah deui da foto imah mah geus sering/geus aya koleksi,
>>> ditunda di mangjamal.multiply.com jeung di photo jero facebook.
>>>
>>>
>>>
>>> Besek aya cenah di kampung naga, ngan enya, kitu, pikeun hajat cara
>>> nyunatan, ngawinkeun, jrrd, lain pikeun hajat sasih-upacara adat khas
>>> kampung naga. Besek sok meuli ka pasar cenah, da urang dinya teu nyarieun
>>> besek.
>>>
>>>
>>>  ------------------------------
>>>
>>> *From:* urangsunda@yahoogroups.com [mailto:urangsu...@yahoogroups.com] *On
>>> Behalf Of *mh
>>> *Sent:* Saturday, May 01, 2010 5:47 AM
>>>
>>> *To:* urangsunda@yahoogroups.com
>>> *Subject:* Re: [Urang Sunda] re: tumaros BESEK
>>>
>>>
>>>
>>>
>>>
>>> Mun teu salah mah Kang Oman wanoheun ka pupuhu warga Kampung Naga, Kang
>>> Ade asana ngaranna teh. Tah paluruh geura ka Kang Oman, da asana kaci cenah
>>> make HP di Kampung Naga mah.
>>>
>>> 2010/4/30 mj <ja...@itenas.ac.id>
>>>
>>>
>>>
>>>
>>>
>>> Eta kang masalah patarosan teh, naha di kampung naga aya teu besek atawa
>>> pipiti. Geus sababaraha x ka kampung naga teh mawa barudak sabeus sina
>>> warawuheun ka budaya karuhun, motoan sagala, tapi loba nu kaliwat. Cara soal
>>> besek eta, giribig, goah, leuit, saung lisung ge ngan saukur moto jepret,
>>> teu diatur objekna. Mun ningalian foto keur hajat sasih, dina buku her
>>> suganda, nu katembong loba teh boboko atawa said, boboko gede. (boboko jeung
>>> said oge teu kacatet ukuranana, haha)
>>>
>>>
>>>  ------------------------------
>>>
>>> *From:* urangsunda@yahoogroups.com [mailto:urangsu...@yahoogroups.com] *On
>>> Behalf Of *mh
>>> *Sent:* Friday, April 30, 2010 4:33 PM
>>> *To:* urangsunda@yahoogroups.com
>>> *Subject:* Re: [Urang Sunda] re: tumaros BESEK
>>>
>>>
>>>
>>>
>>>
>>>  2010/4/30 mj <ja...@itenas.ac.id>
>>>
>>>
>>>
>>> Di baduy justeru teu aya atawa dikenal, jadi teu aya gantina da teu
>>> kungsi aya. Haha
>>>
>>> Enya besek ngaran sejena pipiti. Bisa meuli ka pasar mun perlu. Sigana di
>>> kampung adat mah teu aya. Panasaran di kampung kuta ciamis. Sabab kampung
>>> nu jadi studi kasusna, tilu cikadu baduy, kp naga jeung kampung kuta. Besek
>>> pipiti di luar kampung adat aya, tapi di kampung adat teu aya. Naha. Duka
>>> atuh. Sigana sabab model hajatna beda.
>>>
>>>
>>> aya kamungkinan, pipiti atawa besek nu dipake di kampung naga, lain
>>> meunang meuli di pasar, tapi meunang nyieun sorangan. sainget uing baheula
>>> di lembur, mun aya nu hajat sok nyieun pipiti atawa besek tina daun kalapa,
>>> jiga nyieun kupat.
>>>
>>>
>>>
>>>
>>>
>>>
>>>
>>>
>> ==============================================
>> Flexi ngROOMpi :
>> Ngobrol bareng teman pake flexi ngROOMpi kapan aja, dari mana aja
>> se-Indonesia Rp 49/Menit. Caranya: call *55*nomor-room ( nomor
>> room 1 s/d 9999 ).
>>
>> Flexi Chatting :
>> Buat yg suka Chatting, dapatkan HP Chatting Cuma Rp 299rb bisa YM,
>> GTalk, Flexi Messenger sepuasnya Rp 2000/Mg & akses Facebook /
>> Twitter masing2 Rp 1000/Mg.
>> ==============================================
>>                 This Email Has been Scanned  by Anti Virus
>> ==============================================
>>
>>
>>
>
>
> 

Kirim email ke