2010/5/6 mj <ja...@itenas.ac.id>

>
> Salah sahiji objek studi teh wadah beas. Kamari ka kampung naga, ku nu
> boga imah teu kaci nempo jerona goah. Ari di ciranji baduy mah meunang, kitu
> deui di gajeboh. Sawareh goah di baduy mah teu mangrupa rohangan husus, tapi
> ngahiji jeung dapur. Aya nu dipisahkeun, tapi teu make panto, nya teu beda
> di pendeng/enggon, ngan eusina pabeasan nu rupana gentong tea jeung sagala
> rupa peralatan dapur, kayaning boboko jeung baris.
>
jigana wae misah henteuna goah jeung rohangan sejen lain gumantung ka tempat
geografina, tapi gumantung ka tingkatan ekonomina. lamun imahna cukup gede,
nya meureun logis mun bisa nyadiakeun goah make rohangan khusus. ari imahna
sederhana mah boro-boro keur nyieun goah husus, nya dapur teh meureun jadi
rohangan sarwaguna, nya jadi goah, tempat ngaliwet, malah sakaligus jadi
tempat balakencrakan barang dahar.

Dina ensiklopedia sunda mah, bedana padaringan jeung pabeasan ( nu gentong
> tea) ngan dibedakeun dina tatacara atawa memperlakukanana. Padaringan mah
> cenah masih keneh make acara adat, make sagala rupa upacara, menyan, rupa
> rupa kembang, jst, ari pabeasan mah nya ukur wadah beas. Rupana mah eta-eta
> keneh. Can kapaluruh di lokasi studi, kumaha bae bag-bagan upacara adatna
> pikeun padaringan teh. Tapi sigana patali jeung asal usul pare beas tea, ti
> nyi pohaci sang hyang asri (dewi sri tea).
>
ari sainget uing mah, eta nu dimaksud padaringan jeung pabeasan teh eta-eta
keneh. nyebutkeunana teh kumaha ingetna, teu gumantung ka ensiklopedia, da
teu apaleun meureun. mun nu keur ingetna kecap padaringan, nya nyebutna teh
padaringan. upama keur inget ka pabeasan, nya nyebutna teh pabeasan. mun
keur usum tiwerat, usum paceklik, mangsa usum hese barang dahareun,
disebutna teh padaringan garing cenah alias pabeasan kosong.

> Saliwatan nempo goah di kp naga, biasana rohangan leutik gigireun dapur.
> Beulah kencaeun dapur. Kenca teh meureun ruang istri, katuhu pameget.
>
tah ieu ge, nu kapanggih jeung kainget ku uing mah posisi goah teh
rupa-rupa: aya nu di gigireun kenca hawu paragi popolah; aya oge nu tempatna
tukangeun nu keur siduru hareupeun hawu.

saeutik dongeng perkara goah:

nu kapanggih mah goah teh multi fungsi jiga peso "swiss army": jadi gudang
tempat nyimpen sasadiaan bahan dahareun sapanjang taun, kayaning nyimpen
segon jeung barayana bangsal, gaplek jeung kiripik sampeu, di luhurna rawey
beungkeutan jagong jeung kacang nu geus digaringkeun; oge eta tempat
padaringan atawa pabeasan tea, nyimpen beas dina gentong karamat, sarta teu
kaliwat entik batok kalapa keur nyiuk beasna; fungsi sejenna goah teh jadi
laboratorium permentasi, nyaeta jadi tempat keur peupeuyeuman, boh meuyeum
ketan hideung, meuyeum sampeu, meuyeum gaplek, oge meuyeum cau.

sabenerna mah tempat nyimpen beas di goah teh lain ukur gentong si jimat,
tapi oge karung. karung teh fungsina jadi storage temporal, mun gentong geus
kosong beas na karung dicicikeun keur ngeusian gentong. meureun salah sahiji
kauntungana teh mun nyimpen beas dina gentong gampang ngedukna ku entik
batok kalapa tea.

diantara barang nu aya digoah, nu lain barang dahareun, nyaeta parupuyan
paragi nyeungeut menyan. parupuyan teh bentukna jiga coet ngan aya sukuan.
tah gigireun parupuyan aya barang sejen karesep uing, aya cangkir nu eusina
rujak cau emas. enya disebutna teh kitu, rujak cau emas, padahal mah jiga
kolek, cau emas disiksikan terus dikeueum kinca gula kawung nu seungit
pandan tea. mun my-biang bongoh, ku uing sok diregot rujak cau emasna,
hahaha. urang lembur mangsa harita, taun 70-an, di goah teh unggal malem
salasa jumaah sok nyeungeut menyan bari nyayagikeun sasajen rujak cau emas
tea. jigana wae eta haseup menyan nu ngelun teh aya mangpaatna keun mantuan
ngawetkeun barang simpenan di goah.

> Ngan nya kitu, unikna, sanajan gentong pabeasan teh wadah wajib kudu aya di
> unggal goah, di baduy, teu aya warga nu nyieun gerabah gentong kitu. Hartina 
> meureun
> teknologi gerabah teu kakuasai, teu cara nyieun bedog, di baduy kampung nu
> kakoncara kampung batubeulah. Jadi si gentong pabeasan teh meuli ti luar.
> Ari urang kp kuta kp naga mah meuli ka pasar garut, salawu atawa singaparna,
> ari urang baduy mah cenah sok meuli kanu jualan nu datang ti luar. Kitu deui
> seeng. Sanajan wajib aya paranti nyepan sangu, teu dijarieun ku urang dinya,
> tapi meuli ka luar atawa aya nu jualan ka baduy.
>
> Mangga dilajeng kanu terang, ketrukeun deui J
>
> nuhuns
>
>

Kirim email ke