satuju deui wae ku kang dudi....

sabaraha milyareun deui duit rahayat keur nyieun citakan kopsurat, keur
nyieun ganti ngaran alamat dina gedong2 pamarentahan... can deui busana2
pagawe2 negeri jabar ah... picilakaeun we nukitu mah... antug na engke pajeg
we di taraekeun... kawas kiwari... ceunah PLN bade naekeun deui wae 10%
harrr... iyeu kiyeu mung hirup di nagara dunia katilu... sok aya wae akalna
ngakalan duit rahayat

2010/6/10 Dudi Herlianto <dudi.herlia...@gmail.com>

>
>
> ti iraha kuring daria kang? hehe. ngangsonan we ieu mah. mapanas, pan rame
> mun aya perang opini di koran hihi
>
> posisi kuring mah nolak kana ngaganti ngaran propinsi, alesanna mah hiji:
> meakeun duit. mun beunghar onam!
>
> 2010/6/10 Kumincir Wikidisastra <ia.ad...@gmail.com>
>
>
>>
>> ni dararia kieu, eung... padahal mah kamari ge nyaruakeun nasib sunda
>> jeung yahudi teh ukur heureuy... sual ngaran propinsi, ceuk kuring mah geus
>> teu jaman jeung geus di luar konteks (teuing konteks naon... :P). coba we
>> pikiran, lamun seug jawa barat diganti ku ngaran anu paling kuat karakterna:
>> pasundan, meureun sarua jeung teu ngaku sunda ka nu di banten (najan cenah
>> memang aya nu embung disebut sunda). acan deuih cenah sabagian urang cirebon
>> aya nu embung disebut sunda, kajeun talak tilu cenah batan kudu nampa jadi
>> propinsi pasundan mah. nu paling logis, ngaran propinsi diganti jadi 'jawa
>> tengah bagian barat' heuheu.
>>
>> sikandar
>> kumincir.blogspot.com
>>
>> 2010/6/10 Dudi Herlianto
>>
>>>   pamendak kuring mah, upama gaduh dadasar nu kiat, ulah wungkul di
>>> milis. coba ngadamel tulisan opini teras kintunkeun ka koran, misalkeun
>>> pikiran rakyat. asana ku jalan kitu wacana ieu bakal langkung ngaweuhan.
>>>
>>  __
>>
>
>
>
> --
> d-: dudi herlianto :-q
> kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
>  
>



-- 
Aldo Desatura ® & ©
================
Kesadaran adalah matahari, Kesabaran adalah bumi
Keberanian menjadi cakrawala dan Perjuangan Adalah pelaksanaan kata kata

Kirim email ke