kang simkuring, ieu teh di banjarasih, kacamatan jatinunggal, sumedang.
ngahaja disebatkeun lembur jeung kacamatanna bisi teu sarua jeung kacamatan
sejen. pangalaman kuring basa sakola di kota sumedang, urang dinya, lelewek
wado--harita mah jatinunggal masih ngagabung ka kacamatan wado-- sok pada
ngageuhgeuykeun. aya sababara kecap nu kedal ti biwir urang wado tara
kedengeeun ku urang kota. wilayah sejen nu sanasib jeung urang wado mun
sakola di kota nyaeta congeang jeung buahdua. salian aya kecap nu teu galib
di kota, tilu wilayah eta ge boga lentong nu beda jeung urang kota.

ku kituna, naon nu ditaroskeun ku mang oman kamari (buleng vs. karamba) umum
pisan. sabab, komo beda kaadipatian, dalah nu sarua adipatina ge nyebut hiji
barang teh bisa ku dua kecap nu beda.

hehe

2010/7/21 Simkuring <alkarta_...@yahoo.co.id>

>
>
>  Kang ari ieu dilembur/wewengkon mana?
>
>
>
> *From:* urangsunda@yahoogroups.com [mailto:urangsu...@yahoogroups.com] *On
> Behalf Of *Dudi Herlianto
> *Sent:* 20 Juli 2010 16:14
> *To:* Urangsunda; baraya_su...@yahoogroups.com
> *Subject:* [Urang Sunda] buleng
>
>
>
> 
>



-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk

Kirim email ke