Kacaturkeun di leuweung Krendawahana, Parasurama nuju ngawejang murid nu
dipikameumeut, nya eta Bambang Kombayana; ku nyaahna ka ieu nonoman,
sagala elmu ditamplokkeun ku Parasurama ka Kombayana; dugi ka ngawejang
Elmu nu langka nya eta : Mantra Bramastra.

Sarengna deui memang B Kombayana kacida calakanana ( CERDAS ) ; naon wae
nu diwiridkeun ka anjeunna, enggal pisan katampina; atuh tambih nyaah we ieu 
Guru
Parasurama teh.

Bambang Kombayana snes wae diwirid Elmu jajaten tarung patutunggalan; tapi oge
dipasihan Elmu Peperangan; Ngatur Pasukan; ngatur Barisan; katut ngalawan mun
musuh nyieun siasat peperangan.

Atuh Bambang Kombayana kalintang bingahna, lantaran elmuna tos munel pisan;
ayeuna B Kombayana ngaraos asa lengkep pisan, elmu nu dicepeng ku anjeunna
teh. Tapi masing kalah kumaha oge, ayeuna mah B Kombayana tos aya di na
kasadaran; teu adigung adiguna deui; rasa samodel gagah aing teu deungeun teh
ampir musna ayeuna mah; lantaran patepang sareng sobat anyar nu dipihormat ku
anjeunna nya eta Bhisma Dewabrata tea, Pangeran Astina.

Sataun campleng anjeunna tos diwirid ku guruna Parasurama; lajeng di na hiji 
poe;
rebun2 keneh ngulisik; tapi teu katingal dimana ayana Parasurama. Enggal wae
dipilarian, d anjeunna oge ayeuna mah tos ngaraos nyaah pisan ka guruna teh; 
tapi
hantem diteteangan dugi ka bray brayan; weleh teu katingal deui. Sajongjonan mah
ngahuleng we Bambang Kombayana teh. Saparantos sasarap da lapar, anjeunna 
kokotetengan dei milarian; dugi ka Panonpoe mentrang panas teu wae kapendak.

Aduh kamana ieu Guru aing ? Padahal ayeuna pan geus 12 purnama ? Hartina beak
waktu nu dipake nahan cita2 tea ? Hukuman tea ? Tapi kamana eta Guru Parasurama?
Dugi ka wengi diantos sareng bari dipilarian, weleh teu aya. Aneh pisan ieu 
guru teh?
Memang sapopoena oge, sok araheng kalakuan ieu Guru teh; ngan ayeuna naha 
kamana leungit nya ? Naha kitu pedah geus sataun ? Jadi lain Kaula nu pamit ? 
Malah guru nu
nitah indit ? Hehehehe, enya aheng kalakuan ieu guru teh.
Tah atuh ayeuna mah Kaula rek ngolesed ka Pancala tea; bari rek dileukeunan oge 
diteangan eta Guru teh, sugan we kapanggih . Kitu gerentes manahna Bambang 
Kombayana.

Enggalna wae BBng Kombayana kaluar ti eta leuweung, bari teu weleh culang 
cileung anjeunna nuju ka Pancala. Atuh angkatna teh lalaunan pisan, teu garang 
gusuh kawas mimiti. Atuh perjalanan ka Pancala teh tambih lami wae da teu weleh 
luak lieuk bok
bilih katingal guru Parasurama ku anjeunna. Tapi tos saminggu teu aya wae 
kapendak.

Nya enggalna wae, ti harita mah B Kombayana rada ngebut nuju ka Pancalana.

HANCA




      

Kirim email ke