Kahatur Kang Irpan Cypton-man...

Hatur nuhun pisan parantos nedunan pamundut abdi, masihan komentar... Tah ieu 
waleran ti abdi:

1. Tah muhun leres pisan, saleresna dina lagu anu sanesna mah (misalna "Kupetik 
Kecapi" sareng "Suara Seruling", nuansa Sunda-na langkung teleb... Saleresna 
mah aranjeunna teh "seniman sunda" da sering maen kacapi-suling oge (terutami 
dina acara nikahan), malihan aya anu sok ngadamel koreografi kanggo ibing 
Sunda... Namung ieu mah saurna teh untuk "membuktikan" bahwa kacapi oge tiasa 
dianggo kanggo ngamaenkeun macem-macem musik "modern" supados para generasi 
muda teh janten tertarik deui kanggo mempelajari kacapi. Tah upami tos tiasa 
ngacapi mah panginten dianggo ngahaleuang lagu Sunda oge moal sesah deui...

2. Ih ari ieu mah dijamin 100% halal, da abdi kantos nongton aranjeunna 
latihan. Estuning henteu nganggo rekayasa... (Soanten anjeunna memang tiasa 5 
octaf). Upami anu kantos ningali mah tangtos yakin wireh eta teh soanten 
anjeunna asli (jenenganana eta vokalis teh "Kang Ary"). Sabaraha dinten 
sateucan sasih Ramadhan, aranjeunna maen di Lapangan Tegal Lega Bandung. Manawi 
aya anu nongton? ("Judul" na teh grup band "KABIE" [KAcapi Band Inspirasi 
Etnik, anu hartosna band kacapi anu terinspirasi tina musik etnik...]}.

3. Insya Allah henteu atuh (Paling tidak, diwanti-wanti pisan supados ulah 
ngadamel video-na anu kitu, hehehe...).

Eh iya, aranjeunna teh gaduh facebook oge: Kabie Ethnic. Saurna mah didinya aya 
sababaraha katerangan ttg aranjeunna, aya foto, malihan mah aya "video-clip" na 
sagala (sanes video clip anu leres-leres, ieu mah aranjeunna nuju latihan di 
"markas", lajeng di-shoot, teras dilebetkeun kana facebook... Tah anu ieu oge 
mangga ditingali video-clip-na, teras dipasihan komentar oge... (saurna clip 
ieu teh didamelkeun khususna kanggo para saderek anu panasaran leres henteuna 
kacapi tiasa dianggo ngawih tembang-tembang anu "jazzy", da saleresna ngawih 
lagu jazz leres oge tiasa nganggo kacapi teh, samodel "Spain I recall"...}.

Tah kitu para saderek sadaya... Manawi aya anu bade masihan komentar deui? 
Hatur nuhun pisan sateuacanna. Diantos....

Wass,

Mukas G. (Ulah hilap, G.=ganteng, hehehe...).



--- In urangsunda@yahoogroups.com, irpan rispandi <mr.rispa...@...> wrote:
>
> Kang Mukas,
> samemeh 'nganilei', kuring rek nganyatakeun, kuring lain musisi, lain 
> sound enggineer, jeung teu boga ceuli nu alus pikeun nganiley lagu. 
> Anapon anu di lakukeun ku kuring mah, ngan ngadengekeun he..he..he... 
> sanggeus ngadengekeun ternyata alus. ngan ....
> Ceuk kuring mah, ngaran-ngaran kacapi jeung suling, tangtu sunda. tah 
> kuring teu ngadenge 'sunda'-na.  atawa memang meureun kabeneran lagu anu 
> di upload teh lagu anu nge-pop. Lagu sundana henteu di upload. kitu 
> meureun nya kang?
> 
> anu kadua, sora penyanyina, meni melengking tinggi euy. teuing oktaf 
> sabaraha tah he..he..he.., kira-kira pas manggung (nyanyi live) sora na 
> setinggi eta teu nya?
> 
> katilu, kuring mah hayang pesen, kahade engke lamun geus berhasil jadi 
> artis, ulah kabawa ku sakaba-kaba. geus kacontoan kapanan :)
> 
> sakitu wae
> 
> -- 
> R. Irpan Rispadi Raksagalaksibimasakti Nupalingningrat, teureuh Planet Krypton
> 
> 
> 
> On 08/10/2010 10:32 AM, mukasnugraha wrote:
> >
> > Salam baktos,..
> >
> > Timpah tipayun sim abdi neda dihapunten samudaya kalelepatan anu 
> > ageung anu alitna, Mugi urang sadaya dipasihan kakiatan dina enggoning 
> > ngalakonan ibadah shaum anu bade dongkap, ditebihkeun tina sagala 
> > dodoja sareng cocoba, kalayan Allah SWT. Aminnn.. ya robbal alamiinnn...
> >
> > Kieu baraya, sim abdi teh ngagaduhan rerencangan anu sok maen kacapi 
> > opatan sareng rerencanganana. Namung ieu mah sapertos "Braga Stones" 
> > anu kapungkur sok ngamen di Jalan Braga tea, da lagu anu osok 
> > ditembangkeun teh upami didangukeun mah rada-rada "jazzy" (istilahna 
> > mah manawi soft-jazz pop...). Tah anjeunna teh nyuhunkeun bantosan ka 
> > sim kuring supados abdi "menilai" lagu-lagu anjeunna. "Cik atuh 
> > dangukeun, sae henteu, upami aya kakiranganana, naon atuh 
> > kakiranganana teh..." saurna. Tah ieu yeuh, ieu teh janten pasualan 
> > kanggo abdi mah, da rumaos abdi mah enol pisan kana lalaguan teh.
> >
> > Kumargi kitu, punten sim abdi bade nyuhunkeun wargi sadaya 
> > "pangnilaikeun" tah eta lagu anu rerencangan teh. Supados gampil, abdi 
> > tos nyuhunkeun bantosan ka rerencangan anu sanes supados ngalebetkeun 
> > ka www.4shared.com. Tah ku para wargi eta lagu teh tiasa di-download 
> > ti alamat link ieu:
> > http://www.4shared.com/audio/xbCCcb7l/Kabie_01_Teringat_Selalu.htm 
> > sareng anu ieu :
> > http://www.4shared.com/audio/UlSbevum/Kabie_02-Dewiku__Cemburu_.htm
> >
> > Mangga, di cobi didangukeun lagu na...
> > Di antos "panilaian nana"...
> > Nuhun, pisan bantosan sateu acanna, ti wargi sadaya....
> >
> >
>


Kirim email ke