Ibadah = amaliah. Sacara Umum cabang tina kalakuan/tindakan.
Kalakuan/tindakan teh dibagi dua :
1. Nu relatif ngarugikeun
2. Nu relatif nguntungkeun.

Tah Ibadah teh Cabang ti na kalakuan nu hasilna relatif nguntungkeun.
Tangtu disebut nguntungkeun teh ka pribadina jeung lingkunganana.

Naon cenah untungna shalat ; lamun dicokot ti na jihat filosopi di luhur?
Paling henteu, di na waktu manusa Shalat; moal mungkin lah nyarekan ka
sasaha oge. Eta jelema nu keur shalat teu mungkin lah nyabok atawa
nampiling batur ? Nu keur shalat teu mungkin lah ngagosip.
Tuh pan kaBUKTI shalat cenah mencegah dari kemungkaran. BUKTI !
Hartina mun urang ti isuk jedur nepi ka peuting SWHALAT; maka dijamin
moal NGAGANGGU BATUR !!!
Ngan meureun teu ngalakukeun naon2 salian ti shalat !!!
Tah ibadah nu kaleuleuwihi ge teu dipikaresep ku Gusti ?
Atuh da JELAS; akhirna kaleuleuwihi mah jadi ngarugikeun.
Makana di na ISLAM aya waktu2na.
Jadi siniger tengah; atawa basajan we lah Ibadah mah.

Ibadah Wajib teh Syaratna : teu meunang kurang; tapi ulah kaleuleuwihi.
Waktuna aya katangtuanana; jadi teu meunang sakadaek.

Cing naon Philosopina ?!

Lamun sakadaek; maka di na aya transaksi bisa wae bentrokan.
Tapi lamun seragam; pan lohor asar; mun aya nu datang atawa nu
aya hubungan; leuwih pasti papanggihna lantaran kabeh ge geus 
ngajalankeun ibadah nu waktuna geus diatur.

Mun halanganana sejen deui; eta mah diluar bahasan ieu; lantaran teu
kaasup ka na ibadah ngahalangan silaturahmi/hubungan.

Tah ayeuna Ibadah teh kumaha cenah syarat2na ditarima?

Nu paling penting nya eta IHLAS' bari minimal Syarat Syara'na dijalankeun.

Naon bedana Ihlas jeung Khusyuk ?

Ihlas ekstrima na hartina teu mikirkeun naon nu bakal kajadian mun 
ngalakukeun IBADAH. Tegesna teu mikirkeun bayaran/atawa UPAH.

Sedengkeun Khusyuk, ngalakukeun ibadah ti A nepi ka na Z, bari teu 
mikirkeun kalakuan nu sejenna salian nu keur dilakukeun.

Jadi Khusyuk mah kaitanana ka na proses jeung jalanna Ibadah.

Ari Ihlas mah kaitanana ka na HASIL ti na ibadah.

Ayeuna urang nempo conto di na Praktek.

Tong neangan nu hese Shalatullail Ramadhan we ayeuna mah.
Nya eta Taraweh nepi ka Witir.
Teu aya palenggeran anu JELAS; aya sabaraha rakaat Tarawih teh.
Ngan lamun Witir eta hartina ganjil; bisa hiji, tilu , lima atawa sabelas !
Duka ti mana asalna soal WITIR teh 3 rakaat !?
Eta sigana "kesepakatan: ulama tea. Jadi Fatwa.
Lamun Witir bisa sabelas; hartina euweuh atuh Tarawih teh dan tos seep
jatahna dianggo ku Witir !?

Ayeuna anggap we yen minimu persyaratan shalatullail Ramadhan = 11 rak'at
nya eta 8 ditamah 3 witir.
Kumaha cenah lalakonna, aya nu 23, 40 nepi ka 60 rakaat ?

Kira2 kieu ( masalahna kaalaman ku kuring ).

Waktu ngalakukeun shalat 11 rakaat bari jeung "DIJIWAI" sundana meureun 
dijiwaan? tah kuring ngarasa NIKMAT pisan. Cek har\te ah asa saeutik geuning
11 rakaat mah? Tah pikiran ieu bisa ngajadikeun hayang ningkatkeun jumlah
rakaat, nepi ka bisa wae 60 rakaat. Tapi eta teh keur pribadi !
Da sacara UMUM mah tong boro 60 rakaat; 11 rakaat oge can tangtu bisa.
Di na bisana aya we bolongna sapoe sua poe teu ngalaksanakeun.

Eta sababna masih alus keneh nu 11 tibatan nu 60. Lantaran eta minimal
IHLAS bisa duilaksanakeun. 
23 rakaat bari garabag gurubug, geus teu khusyuk teu ihlas deuih.
Komo atauh 11 rakaat bari teu ihlas mah.

Jadi keukeuh nu penting mah IHLASNA ! Mun bisa leuwih ti 11 pek. Tapi
tetep kudu Ihlas. Jadi ihlasna nu ditarima mah.

Urang geus cape2 ngalakukeun 23 rakaat; tapi teu ihlas; akhirna mubah
atawa makruh hukumna teh.

HANCA






      

Kirim email ke