> From: Aldo Desatura ™
> mawa motor ahhh....  ka sumedang tanggal 9 rebun rebun ti depok meuntas ka 
> sadang trus ka jalan cagak lanjut ka tanjung
> siang..... bras we ka cimalaka... pun teun bade narosan moal kitu aya 
> acara kukumpulan wargi sunda sadayana.... ??? target > tahun iyeu nepungan 
> bah waluya, suganan aya di sumedang

Naek motor ti Depok ka Sumedang? Kade ah sing ati-ati. Kuring aya di 
Sumedang dina poean lebaran, tapi paling ge tepi ka tengah poe (sabudeureun 
jam satu-dua). Sorena  mah geus ka Bandung deui, diteruskeun ka Sukabumi, ka 
lemburna pamajikan. Sok diantos dugi ka jam satu. Imah kolot kuring 
tukangeun pabrik Tegel (deukeut Bale Desa Mandalaherang). Taroskeun we 
bumina Pak Ateng (lanceuk) atawa bumina Bu Uwung Almarhum. Tong naroskeun 
aran kuring, loba nu geus teu arapaleun ...hehehe

Baktos,
WALUYA



Kirim email ke