Eta meunang ti mana euy?
Meni ngenah seuri, nuhun pisan!
Icak


----- Original Message -----
From: Akhmad Bukhari Saleh <[EMAIL PROTECTED]>
To: Yon-I/ITB <[EMAIL PROTECTED]>
Sent: Monday, January 13, 2003 3:56 PM
Subject: [yonsatu] Mabok, dll


>
> Mabok
> Hiji mangsa saurang jalema mabok asup ka hiji bar, ngaliwatan panto
hareup.
> Kanyahoan ku Bartender, buru-buru ngahalangan eta lalaki, "Teu meunang
asup kadieu geus mabok mah!"
> Jalema mabok tadi kaluar, tapi terus asup deui, ngan ayeuna mah ti panto
gigir.
> Kaperegok deui ku Bartender "Anjeun teh geus mabok, jadi tong asup kadieu!
Perlu di pang manggilkeun taksi...?"
> Nu mabok tea buru-burur kaluar deui, tapi asup deui ti panto tukang.
> Kapanggiheun deui bae ku si Bartender anu tadi, bari jeung keuheul pok si
Bartender nyarita, "Lamun silaing wani asup deui, awas, di bejakeun ka
pulisi geura!"
> Jalma anu mabok tea ngarenjag jiga nu reuwas, "Har... naha silaing bisa
gawe di sababaraha bar euy...?"
> Pohoan
> Kang Suria Sasmita kacida pohoanana, utamana kana payungna.
> Unggal poe, lamun rek indit gawe, manehna sok mawa payung, ngan pas turun
tina beus kotana, eta payung sok tinggaleun bae.
> Hiji poe pamajikanana ngawawadian, "Yeuh kang Suria, payung teh mahal!
Maenya kudu meulian wae payung unggal poe mah. Heug engke deui mah
inget-inget ari rek turun tina mobil teh."
> Atuh basa dina hiji mangsa Kang Surya ningal payung dina beus kota anu
biasa ditumpakanana, buru-buru ku manehna dicokot, dibawa balik.
> Bari semu atoh pok manehna ngomong ka pamajikanana, "Yeuh, Nyai, teu poho
deui ayeuna mah mawa payung teh."
> Pamajikanana colohok, "Akang, akang...., pan basa tadi indit teh akang
poho teu mawa payung!"
>
> Viagra
> "Ki.... bade nginum jamu naon pegel linu, encok atawa jamu napsu makan?"
tanya tukang jamu ka si Aki.
> "Lain euy.. aya Viagra teu..?" ceuk si Aki ngaharewos.
> "Euleuh-euleuh eta mah jeung budak ngora atuh Aki... nya si Aki masih
keneh sok eng ing eng kitu..?"
> "Lain jeung nukitu patut deuleu..!"
> "Nya keur naon atuh..?"
> "Ieu euy sangkan kiih teu nyurucud wae kana suku!"
> "Baruuk!
>
> Saha nu lieur.....
> Aya dua urang Boss nuju maen golf, bari leumpang ngadeukeutan bal eta
kadua Boss teh ngobrol.
> Boss I: "Saya mah boga supir teh bodona beakeun ku sorangan, saban dititah
sok tara mawa hasil, ngan alesan jeung alesan we".
> Boss II: " Nya supir saya atuh anu leuwih belegug mah, mun di titah teh
tara ari ngabantah mah ngan eta sok tara tunyu-tanya deui, sigana hayang
katingali penuh loyalitas meureun".
> Boss I:" Cik, ayeuna urang buktikeun supir saha anu leuwih bloon ...... ".
> Boss II: "ngKos, kadieu!" ngageroan supirna. Duka teuing saha ngaran
lengkepna teh, duka upami Kosasih mah kitu.
> "Ayeuna maneh geura ka imah, tepungan ibu (istrina si boss maksadna mah)
sareng taroskeun ka ibu, ayeuna bapa nuju aya di mana".
> Kosasih: "Siap Boss!" bari berengbeng tancap gas sataker kebek.
> Boss II: "Tuh tingali supir saya mah, gelo teu ari kitu, dititah nu teu
asup akal ge langsung ngabecir".
> Boss I: "Ah can sabaraha eta mah, tingali atuh supir saya, Di, kadieu !"
Ieu ge duka saha ngaran lengkepna, moal ari Rosidi mah kitu? Ah duka teuing
da dicalukanna teh kitu.
> "Yeuh duit sapuluh rebu, ka ditu pangmeulikeun mobil Mersi, ayeuna keneh
nya "
> Rosidi: "Mangga juragan, sae", bari derengdeng tancep gas.
> Teu pati lila eta dua supir geus baralik deui, roman beungeutna katingali
siga nu bingung sieun dicarekan ku Boss-na.
> Sateuacana nyampeurkeun Boss-na, si supir ngobrol di tempat parkir.
> Kosasih: "Aing mah boga Boss teh lieur".
> Rosidi: "Nah kunaon kitu?"
> Kosasih: "Eta, ongkoh Boss tapi bloon, piraku saya dititah ka imahna,
titah nanyakeun ka pamajikanana, di mana si Boss ayeuna. Bloon teu ari kitu?
Ayeuna pan jaman modern, kunaon manehna teu nelepon make HaPe, nanyakeun ka
istrina di mana manehna aya".
> Rosidi: "Ah eta mah can sabaraha, Bosss saya mah leuwih gelo deui. Maenya
saya dibahanan duit sapuluh rebu, dititah meuli mobil Mersi, kan gelo tah,
naha manehna teu inget yen ayeuna poe minggu, mana aya Diler mobil anu
buka".
> "Heueuh, boga Boss teh garelo", ceuk si supir duanana bari kukulutus da
sieun dicarekan.
>
> Tos dugi ka Cianjur...
> "Pa supir punten ngawiat pun anak pami tos dugi ka Cianjur kade
wartosan..!" Ceuk saurang ibu-ibu ka supir bis jurusan Bandung.
> "Mangga bu.. ....nya ibu moal ngiring kitu?" tanya supir.
> "Moal ibu mah, ieu we pun anak..!" Ceuk si Ibu bari ngareret anakna.
> "Daag sayang..!"
> "Daag mamah...!" budakna ngajawab.
> Teu kungsi lila bis geus ngadius mapay jalan tol Jagorawi, neupi ka Ciawi
si budak teh noel ka supir, maklum diukna tukangeun pisan supir. "Pa ..
..tos dugi ka Cianjur ieu teh..?"
> "Teu acan jang ... ...tebih keneh .....! ceuk supir bari anteng ngagelang
stir.
> Dasar budak, basa bis ngahaeub ka Cisarua geus celengkeung deui
nanyakeun.. "Pa tos dugi ka Cianjur...?"
> "Encan jang....!" Supir rada molotot.
> Budak ngahephep sieuneun ari dipolototan mah, neupi ka Ciloto katingali
budak geus sapokpokeun rek nanya deui, ngan kapiheulaan ku supir, "Hayoh rek
nanya deui...?" ceuk supir buncelik.
> Teu karasa bis geus neupi ka wilayah Cipanas.... budak anu ti tadi sok
nanya terus, ayeuna jempe sihoreng budak teh sare mani tibra pisan, kitu
deui penumpang nu sejenna pating galuher... ngan anu teu ngaguher teh pa
supir.
> Renjag ..... supir ngarenjag reuwas basa bis teu karasa geus nepi ka
Padalarang.... ras inget ka papatah si Ibu mani omat-omatan lamun geus nepi
ka Cianjur kudu di bejaan eta budak teh.
> Reg bis teh eureun, terus supirna ngomong ka para penumpang yen aya
penumpang kaliwat turun, kaparengan penumpangna ibu-ibu teu loba pancaraken,
bis anu geus neupi ka Padalarang, ngadius balik deui nuju ka Cianjur.....
> Anu dianterkeuna mah jongjon wae ngaguler...... ken we lamun geus neupi ka
Cianjur karek dihudangkeun.
> "Jang tos dugi ka Cianjur..!" ceuk penumpang gigireunana ngahudangkeun
budak.
> "Aduh tos dugi..!" ceuk budak bari gura giru muka bungkusan anu eusina
obat cacing, leguk diinum.
> "Jang dimana lungsurna...?" supir mimiti keuheul, lantaran budak teh lain
turun kalahka nginum obat heula.
> "Har ari bapa, pan karek dugi ka Cianjur, nya biasa atuh lungsur mah di
terminal Leuwi Panjang!" ceuk budak kalem.
> "Jadi di Cianjur lain rek turun ?"
> "Sanes...... saur mamah pami tos dugi ka Cianjur ieu obat kedah di leueut,
sakali deui engke pami tos dugi ka Bandung !" budak nerangkeun pertentang.
> "Jadoolll !" ceuk supir ngajejek gas.. .... dius bis balik deui nuju ka
Bandungkeun.
>
> Dokter
> Rengse dipariksa ku dokter kandungan, saurang ibu rumah tangga gura giru
nepungan deui dokter. "Punten dokter, abdi hilap, lancingan kakantun," pokna
basa manehna geus asup ka rohangan dokter.
> "Teu aya dok, da raraosan mah tadi teh disimpen di dieu!" pokna bari terus
tumpa tempo deui.
> "Manawi dina gantungan palih ditu?" ceuk dokter bari nuduhkeun gantungan
gigireun rohangan praktekna, "Namung da raraosan abdi mah tadi teh ibu tos
teu nganggo lancingan?"
> Eta ibu rumah tangga ngahuleng sakedapan. "Aeh.. meh bae hilap, muhun,
lancingan teh kakantun di..... dokter mata", pokna teu kireum kireum.
>
> Nyeuseuh Karpet
> Pasosore keur hade poena, aya salaki jeung pamajikan guntreng ngobrol di
patengahan, salakina ngagolehe dina lahunan pamajikanana, lila lila tina
gogolehean, menta nu leuwih ti gogolehean, satengah maksa mentana, ma'lum
pamajikanana asa asa rek nedunanana.
> "Nyai, kumaha lamun barudak teh di titah nyeuseuh karpet kawalungan, apan
nyeuseuh karpet mah bakal lila, aya sajam na, meureun ari sajam mah urang
teh laluasa, bisa jongjon deui" ceuk salakina.
> "Tah eta mah ide anu mencrang, abdi nyatujuan lamun barudak di titah
nyeuseuh karpet, keun ku abdi urang geroan barudakna", ceuk pamajikanana
bari ngageroan barudakna.
> Barudakna, basa dititah nyeuseuh karpet ka walungan teh teu sirikna
ajrag-ajragan bakat ku atoh, da biasana mah teu meunang ulin ka walungan
teh, komo ieu mah bari di implik implikan sing lila nyeuseuhna.
> Nempo barudakna geus areuweuh, gagancangan sakadang salaki jeung
pamajikanana arasup ka kamarna, terus bae acal ucul pakeanana, tapi can oge
lima menit, di patengahan kadenge sora barudak geus daratang deui.
> Atuh si salakina satengah ngambek nanya ka anakna: "Naha maraneh geus
baralik deui? Apan ku indung maneh di titah nyeuseuh karpet di walungan?"
ceuk bapana budak bari nyentak.
> "Enya bapa, tadi teh ujang tiluan geus tepi ka walungan, tapi ujang
kapaksa balik deui, sabab di walunganana pinuh ku barudak anu sarua keur
nyareuseuh karpet " tembal anakna nu pang cikalna.
>
> --[YONSATU -
ITB]----------------------------------------------------------
> Online archive : <http://yonsatu.mahawarman.net>
> Moderators     : <mailto:[EMAIL PROTECTED]>
> Unsubscribe    : <mailto:[EMAIL PROTECTED]>
> Vacation       : <mailto:[EMAIL PROTECTED]?BODY=vacation%20yonsatu>
>
>



--[YONSATU - ITB]----------------------------------------------------------
Online archive : <http://yonsatu.mahawarman.net>
Moderators     : <mailto:[EMAIL PROTECTED]>
Unsubscribe    : <mailto:[EMAIL PROTECTED]>
Vacation       : <mailto:[EMAIL PROTECTED]?BODY=vacation%20yonsatu>


Kirim email ke