> From: "sonia_virgie" <[EMAIL PROTECTED]> > Salam ker sadayana Baraya Sunda... > 1. Ari Sunda teh leres = Islam? ; Lamun bener, tidak apa-apa, apa > kira-kira latar belakangnya? > > 2. naon sebabnya bahasa Sunda berbeda2 tidak sepeti bahasa Indoensia > atau Inggris? >
Haturan Teh Sonia Virgie, tah geuning tiasa nyerat dina basa Sunda. Patarosan Teh Sonia perkawis Sunda = Islam, parantos dijawab ku Kang Gibson. Tapi sakedik kuring mairan pedah saur kang Gibson yen umumna urang Sunda agamana Islam. Kasauran Kang Gibson, memang leres kitu, tapi Islam di Sunda tetep we seueur warna lokalna, nu moal kapendak di Islam nu "asli"na. Sapertos tradisi dina ngarayakeun lebaran (idul Fitri) : "mudik", maaf-maafan, Halal bi halal, nyekar ka kuburan, nabeuh bedug malem takbiran jrrd. Kitu deui dina sunatan, urang sunda sok ngayakeun pesta (pestana disebut ngariakeun). Seueur kasenian Sunda nu sok ditanggap dina acara sunatan ieu, jiga wayang golek, jaipongan jrrd. Malah di lembur kuring mah aya kasenian khusus keur acara sunatan nyaeta kuda renggong. Kitu deui di Subang aya kasenian nu disebut sisingaan, di dareah Pantura aya kasenian "burakan". Ieu nunjukkeun kumaha kuatna hubungan urang Sunda jeung Islam. Umpamana wae, urang Sunda pararindah agama, nu pangheula protes, sanes wae kaum ulama tapi oge .....hehehehe..... tukang kuda renggong, sisingaan, dalang wayang golek jeung kasenian-kasenian Sunda nu sanesna deui. Kasenian supaya tetep "survive", pan kedah aya nu nanggap jeung mayar sanes? Perkawis patarosan basa Sunda benten-benten, teu jiga Bahasa Indonesia/ Inggris, maksadna dialek kitu atawa undak-unduk Basa (Basa Halus basa Kasar)? keun engke ngajawabna upama patarosanana parantos jelas. Baktos, WALUYA ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> DonorsChoose.org helps at-risk students succeed. Fund a student project today! http://us.click.yahoo.com/LeSULA/FpQLAA/E2hLAA/BRUplB/TM --------------------------------------------------------------------~-> http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/ [Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
