*********************************************
kalayan nyebat asmana Alloh!
-------------------------------


Sun... , sumeja midangkeun naon nu janten panimu ti diri!
----------------------
On 11/27/05, sonia_virgie <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>
> Salam ker sadayana Baraya Sunda...
>
> [Salam pikeun samudaya/sakumna/sadaya Baraya Sunda .... <==== Téh Sovie
> .... punteeenn sanes "ker" tapi "keur" ari dina basa sunda mah aya hurup nu
> disebat "e pepet" siga kecap "kamu s(e)mua b(e)lum p(e)rgi?"
>
> aya ogé nu disebat "é taling" siga dina kecap "(é)mangny(é) gu(é)
> pr(é)man!" sanés "(e)mangny(e) gu(e) pr(e)man!", coba dibédakeun ku Tétéh???
>
>
> Sareng ogé aya hurup "eu" siga dina kecap "Citeureup" nu ilahar ku urang
> batak mah didawamkeunna "Citerep"!!
>
> Ari "keur" mah sigana langkung saé pikeun ngabahasakeun kanu umurna
> sahandapeun urang atanapi ka sing saha baé nu ku urang ngéwa, upami kanggo
> nu ka saluhureun atanapi kanggo panghormat mah, langkung saé nganggo kecap
> "ka/pikeun/kanggo"]
>
> Kosa-kecap = Kosakata:
> Pikeun/Keur/Kanggo = Untuk
> Samudaya/sakumna/sadaya(na) = segala/seluruh(nya)/semua(nya)
> Disebat = Disebut
> Kecap = Kata
> Nu/Anu = Yang (seperti kalimat "Nu kitu, nu kieu/ yang begitu yang
> begini", … "Dupi Téh Sovie anu mana nya?/Kalau Téh Sovie
> Ku = Oleh
> Sareng = Dengan
> Sa-handap-eun = se-bawah-an [di bawah (nya) kita]
> Baé = Saja (ada juga Waé …. Termasuk saya juga kadang salah menempatkanya,
> tetapi sesungguhnya kata Baé lebih cocok untuk kalimat seperti "Baé lah,
> lamun embungeun mah!/ biar saja, kalau tidak mau" sedangkang Waé lebih cocok
> untuk kalimat "Saré waé, manéh mah sujang!/ Tidur saja, kamu ini nak!"). Baé
> ieu, bisa ogé hartina dina basa Indonesiana "Biar" upami ditempatkeunna di
> Awal kaliamah, biasana dianggo dina basa sunda kasar, siga conto kalimah
> "Baé lamun teu bisa mah!! ulah diganggu/Biar kalau tidak bisa sih!! Jangan
> diganggu.
> Anggo/Nganggo = pakai (anggoan=pakaian)
> Ngéwa = Benci
> Sa-luhur-eun = se-atas-an [di atas (nya) kita]
> Upami = Jikalau/Seandainya/Kalau
> Langkung = Lebih (bisa juga dihartikan lewat, seperti "Upami badé ka
> bumi(na) Uwa Idih, ngalangkung ka dieu baé Bapak!!/ Seandainya hendak ke
> rumah(nya) Paman Idih, lewat sini saja Bapak!!")
> ----------------------
> Aduh..nuhun ka kabeh (semua) akang-akang jeng teteh-teteh Baraya
> Sunda; Kang Rahman, Kang Oman, Kang Pituin, Kang Waluya, pokona mah
> sadayana saja.... anu geus mere kasempetan ka abdi untuk aktif di
> milis Baraya Sunda......


Aduh… hatur-nuhun ka sadaya Akang sareng/sinareng Tétéh, Baraya Sunda; …..
….. anu parantos masihan kasempetan ka abdi pikeun aktif di milis Baraya
Sunda……… <== sanes "Jeng" tapi "Jeung" nu hartina dina bahasa Indonesia nyaa
"Dengan". Ieu kecap "Jeung" pikeun sahandapeun atanapi ka papada anu loma.
Téh Sovie ….. dina bahasa Indonesia ogé parantos janten babakuna, upami
nganggo kecap "sadaya", kecap nu nuturkeunana teu kedah diulang, janten
kalimah "sadaya Akang-Akang" langkung saé digentos ku kalimah "sadaya Akang"

Kosa-kecap = Kosakata:
Hatur = Hantar
Nuhun = Terima Kasih
Hatur-nuhun = Terima kasih/Menghantarkan rasa terima kasih
Jeung/Sareng/Sinareng/Miwah/Lan = Dengan/Dan
Ka = Ke/Kepada
Papada = sesama
Loma = Akrab/Karib
Janten/Jadi = Jadi
Gentos = Ganti
-------------------------

> Sonia mau coba make bahasa Sunda, tapi ulah di ketawakan nya? bae
> campur-campur juga nya? jeng pasti loba salahnya!! (puten)
>
Sonia hoyong nyobian nganggo basa sunda, namung ulah diseungseurikeun, nya?
Sawios pami campur-campur bahasana nya? Sareng seueur salahna!!
(punten/sihapuntenna)

 Kosa-kecap = Kosakata :
Hoyong/Palay = Pengeng/Kepingin
Nyobian = mencoba
Namung/Tapi/Tatapi = Tetapi
Seuri = Ketawa
Seungseuri-keun = diketawa-kan
Seueur/Réa/Loba = Banyak
------------

Akang-akang, abdi boga pertanyaan.... :
> 1. Ari Sunda teh leres = Islam? ; Lamun bener, tidak apa-apa, apa
> kira-kira latar belakangnya?
>
> 2. naon sebabnya bahasa Sunda berbeda2 tidak sepeti bahasa Indoensia
> atau Inggris?
>
> ====
>
> 1. Ari Islam téh Arab? Ari Inggris téh Karésten? Ari Israél téh Yahudi?
> Kitu deui sabalikna…
>
> - Kuring mirengkeun, boh dina wawar nu aya dina surat kabar boh dina tivi
> di dieu (Abu Dhabi), yén teu sadayana urang arab téh Islam, kitu ogé teu
> sadayana urang Islam téh Arab! Di Israel(urang yahudi) ogé aya urang
> Islamna(nu ngagem agama Islam), kitu ogé di Inggris!
>
> Ari Islam, Karésten, Yahudi sareng nu lianna mah geusna masalah
> kagustian/illahiyah/imanen, ari Arab, Inggris, Israél mah jijieunan
> manusa/budaya …. Jadi balik deui silokana kanu Jengkol téa :D , nyaéta
> Percanten/Percaya sareng Jalan téa?
>
> Lamun nilik kasatukangna karuhun US (Urang Sunda) --- pun sapun ka sang
> rumahun --- béja nu katampa, wawar nu katarima ku kuring …… rundayanna téh
> kirang langkungna karuhun US téh ayana ti nu ngagem animisme, buda/hindu
> tug-na ka Islam. Naha ari Karésten di TS(Tatar Sunda)  teu siga Islam? ….
> Geus falakna ti Gusti nu murbeng alam cindékna mah!, lohisna mah, pédah nu
> nyumebarkeun Islam ka TS téh ti katurunan/panggéde karajaan sunda ogé sanes
> ti/ku urang luar, nu mana kuaranjeunna ajaran islam téh diadumaniskeun
> sareng ajaran animisme karuhun sunda (agama sunda). Lakadalahna ….
> ajen-inajen ti karuhun US téh ningan sarimbag sareng islam. Janten lebetna
> islam ka TS pikeun US mah teu sesah. Duka téh teuing!, pami jaman harita
> agama Karésten nu disumebarkeun ku karuhun US, meureun analogi Sunda =
> Karésten bakal aya????
> Tapi naha ari UJ(Urang Jawi) teu sami siga US?(UJ=Islam).
> Kapan UJ téh bibit buihna salian ti US ogé ti urang India numana ari
> ageman lan kabudayana nu dicandak ti India téh mibanda unsur kapercayaan
> Dinamisme nu kiat. Janten …… meureun téh teuing ….. pikeun UJ mah Islam téh
> sanes hiji-hijina agama nu sapatotos sareng agama karuhunna???
> (Langkung saéna mah ku Téh Sovie sumangga disaliksik, dititenan, disungsi
> éta perkawis kasundaan lan kaislaman téh)
>
>
>
> 2. Ceuk béja ogé basa sunda asli mah teu aya undak-usukna, aya téh pédah
> kapangaruhan ti basa jawi tina titimangsa jamanna mataram (piruntageuna
> karajaan sunda/pajajaran). Ceuk-ceunah, éta undak-usuk basa téh pikeun
> ngabédakeun mana golongan ménak jeung mana golongan cacah! Aya ku kitu téh
> pédah karuhunna UJ mah salah sawiosna ti India (Ratu Sima téa) nu mana ku
> urang kapirengkeun yén ageman lan kabudayaan India mah nerapkeun
> golongan-golongan/kasta téa. Janten kitu panginten aya undak-usukna téh.
> Pami bentena perkawis logat mah, parantosna ilahar di tiap wewengkon, sabab
> ayana benten logat téh alatan kapangaruhan ku kaayaan sareng alam
> sabudeureunana, ningan dina basa Inggris ogé aya logat nu benten boh ditiap
> wewengkon di hiji nagara nu nganggé basa Inggis sumawonna benten nagara na
> mah (Inggris, Amerika, Austaralia, jst).
>
>  Kosa-kecap:
>
> Mireng-keun = memperhatikan
> Boh … boh = baik … ataupun (seperti dalam kalimat baik si Ujang ataupun si
> Nyai)
> Béja = rumor/cerita
> Tampa = terima
> Wawar = Berita
> Ngagem = memeluk (memeluk disini memeluk mempercayai, bukan memeluk antara
> dua orang manusia/berpelukan)
> Lian-na = lain-nya
> Ji-jieun-an = buat-an
> Lamun = Seandainya
> Kasatukang-na = /dahulu-nya
> Karuhun = leluhur
> Tatar = Tanah/"Land" bukan "Soil"
> Cindék-na = singkat-nya/kesimpulan-nya
> Pédah = dengan alasan
> Nyubebar-keun(kt dasar "sumebar=sebar") = menyebar-kan
> Adumanis = disatukan/digabungkan
> Lakadalah = "ternyata!!" ungkapan kaget
> Ajen-inajen = nilai-nilai luhur
> Sarimbag = serupa
> Duka téh teuing = (ungakapan) tidak tahu juga ya!
> Harita = waktu itu
> Candak = Ambil
> Mibanda = memiliki
> Mereun téh teuing = (ungkapan) mungkin saja
> Sapatotos = memiliki kesamaan
> Saliksik = dicari secara teliti
> Titen = dibaca biar teliti
> Sungsi = dicari keberbagai sumber
> Perkawis = masalah
> Undak-usuk = tingkatan-tingkatan
> Tina = dari
> Titimangsa = waktu
> Pi-runtag-eun = ke-hancur-an
> Ceuk-ceunah = (ungakpan) katanya/menurut cerita
> Ménak = Pembesar
> Cacah = rakyat kecil
> Ka-pireng-keun = dapat-perhati-kan
> Nerap-keun = Menerap-kan
> Sabudeureun-nana = sekeliling-nya
> Parantos = sudah
> Sumawona = begitu juga
> ------------------------------------
>
> Pangingten sakitu nu iasa kapidangkeun, kirang langkungna sumangga kanu
> langkung uninga geusana diguar langkung paos deui.
> (lepatna saéstona ti sim kuring, leresna mah iwal ku keresan nu Maha Suci)
>
>
> Salam,
>
> -pun adi-
> -------------------------------
> samudaya pupujieun saétona pikeun alloh!
> *********************************************
>

--
*******************************************
http://pituin.multiply.com/
--------------
Bilih kagungan waktos, hayu urang ngeureuyeuh Poesaka Soenda tea.
Ramatlokana di dieu http://groups.yahoo.com/group/POESAKA_SOENDA/
Sejana ilubiung kintun bae ka [EMAIL PROTECTED]
*******************************************


[Non-text portions of this message have been removed]



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
DonorsChoose.org helps at-risk students succeed. Fund a student project today!
http://us.click.yahoo.com/LeSULA/FpQLAA/E2hLAA/BRUplB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/

[Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke