Haturan kang AG, Rumaos kuring oge sanes ahlina, mung bade ngupahan maneh we sareng ngiluan ngobrol bari ngalindur.
Pangemut kuring mah nu ngarana politik teh "Sungguh kejam !!!", teu di jero nagara, bilateral atanapi multilateral sanajan make kedok 'bantuan' angger ujung-ujung na mah aya 'kapentingan politik'. Ayeuna umpama aya kapetingan politik (ekonomi) ti nagara tatanggi (MAL), kumaha mun di hubungkeun politik nagara tatanggi nu sejen (AUS), nu kacida 'berperana' dina lepasna timor leste. Karunya nya lemah cai urang teh, pada hayang, pada moro, ku jalan ngajejeleh, 'ngambing hideungkeun'(naon sundana "Kambing hitam"?). Tapi urang (ka asup pamerentah!!!) anggeur we teu walakaya di kitu kieu teh. DJ, --- In [email protected], "Lodaya" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Sampurasun, > > Terus terang sabenerna mah geus bosen ngomongkeun perkara Terorisme > teh..., tapi ieu mah sakadar hanteu..... > > Ceuk cenah, tokoh-tokoh (inohon) anu jadi lulugu terorisme di nagara > urang teh asal muasalna ti nagara tatngga (Malaysia) anu ngajalankeun > aksina di nagara urang. Tatapi anu jadi anehna teh naha nagara urang > anu dituduh sabage nagara teroris? padahal boa, dina ayana oge bangsa > urang anu jadi ulon-ulon terorisme teh ngan saukur kadorong ku > iming-iming duit..(anu lain saeutik da nandonkeun nyawa), ma'lum > inohongna oge, model DR. Azhari, teh pan lain jalma jore-jore dina hal > kahirupan materina teh, acan sokongan (suntikan) dana ti anu lianna > (cenah aya nagara anu ngarojong gerakan terorisme), ceuk cenah eta oge.... > > Lamun ditilik2 mah nagara urang (ka asup umat Islam di Indoensia > umumna) sabenerna mah leuwih pas lamun disebut korban terorisme anu > dilakukeun ku maranehna...!!!, lain pelaku. Ngan teu wani we ari kudu > nyebutkeun (nuduh) yen nagara tatangga sorangan anu ngarojong tur > ngahaja "ngirim" DR. Azhari ka Indoensia...., da geuning lain rusiah > deui eta nagara tatangga teh sok ngeleketek nagara urang Indonesia).., > teuing naon maksudna....(?). Mungkin bae dina raraga perang ekonomi > global, supaya investor asing teu katarik pikeun asup jeung melak > inpestasina di Indoensia...(????) > > Kusabab nagara Indonesia teh nagara anu pendudukna plural, utamana > dina sisi agama. Kusabab kitu "isu" perang agama anu make isu > fundamentalisme, jeung kusabab di Indoensia kungsi ngalaman sajarah > "DI/TII" jeung sajenisna, eta isu teh dijadikeun tameng pikeun nutupan > isu-isu politik-ekonomi anu jadi latarna....(????) > > Ahhhh..ketang eta mah sakadar MEUREUN....... rumasa lain ahlina. > > AG./bdg. > ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> DonorsChoose.org helps at-risk students succeed. Fund a student project today! http://us.click.yahoo.com/LeSULA/FpQLAA/E2hLAA/BRUplB/TM --------------------------------------------------------------------~-> http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/ [Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
