sateuacana sim kuring seja menta dihampura heula, geus lawas teu
ngelol, laha-loho ka ieu Bale Panglawungan Baraya Sunda, lain pundung
atawa bosen, komo nganggap euweuh hartina mah...... (hehe.... sok
GeEr); tatapi nya eta... disesered ku kawajiban jeung didupak ku
kabutuhan... tungtungna hese ojah..... untuk hirup keneh oge.... 

Sampurasun...... ka sadaya Baraya Sunda..!!

Ngunaan "Kabebasan Pers", kabenaran sim kuring wawuh jeung deukeut
jeung sababaraha wartawan Koran Harian. Sim kuring mah sok ngenes,
komo lamun inget adagium (?) "kebebasan pers". Sok loba anu nyebutkeun
yen teu ayana fungsi kontrol media dina dinamika Pamarentahan di
Indoensia, ceuk sim kuring mah teu kabeh bener. 

Geus lain rahasiah umum deui yen lamun hiji lembaga (rek lembaga
pamarentah rek lembaga swasta, atawa naon bae) lamun hayang
diberitakeun kudu ucul duit anu lain saeutik...!!! lamun henteu? sok
sanajan wartawan hiji media hadir dina hiji acara (jeung eta acara
kalintang pentingna keun masyarakat)can tangtu beritana "ngagoler"
dina koran (media)-na lamu teu jeung dibarengan salam tempel ka
wartawanna.....

Tah.... lamun berita-na "bakal jadi matak" pikeun eta lembaga atawa
pikeun hiji jalma, tong ngimpi bakal nyampak dina media (koran-na)
lamun eta wartawan dibekelan amplop (amplop jaman ayeuna mah sing
horeng leuwih gede ajenna tinimbang harga kamanusaan jeung harga
kaadilan).

Tah....., lamun kitu kira2 masih "relevant" teu lamun disebutkeun yen
di Indoensia dianggap yen kontrol media di Indoenesia minim
disababkeun masalah teu ayana "kabebasan pers"? 

Ceuk sim kuring mah....., aya jeung hanteuna berita dina koran leuwih
disababkeun ku amplop lain kusabab aya jeung teu ayana "peristiwa",
lain oge kusabab aya jeung teu ayana "kebebasan pers", iwal nu aya teh
kabebasan wartawan pikeun narima amplop jeung kabebasan pikeun
ngawarta keung jeung hanteuna.....

Bener teu nya?......... Mudah2-an teu kabaca ku ihsan Pers.... bisa2
dianggap "penghinaan terhadap Pers"... mangka teu boga amplop....


"AMPLOP"







http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/

[Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke