--- In [email protected], "Nenen" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > linglung he..he..he.., tapi ayeuna mah tos terang jam-na jenten tara > nelepon tengah wengi. > Teh NN,
Nu kieu ge pernah oge kaalaman sabbrh waktu ka tukang. Sobat kuring pindah ka Melbourne AU. Hiji poe... eh peuting ketah ... wanci jam satengah opat, gorowok teh telepon di gigireun tempat sare mani nongtoreng disada. Reuwas kacida....!!! Ki Sobat teh pohoeun ngitung waktu deuih. Dasar... Sanes ku nanaon, reuwas teh. Sok sieun aya nanaon di kulawarga di RI! Kang Wly, Dongeng jurig siga kitu teh lolobana mah di RI. Di NL mah asa teu pati loba carita jurig teh. Dina literatur NL aya oge carita anu nyabit2 jurig, ngan da keukeuh setting na RI (Hindia Walanda!). Carita jurig anu mashur mah De Stille Kracht tulisan Couperus. Geus aya tarjamahanana dina BI (atawa SUnda; wuh... ngimpi!)teu nya? Teh NN, Aya Ghost Buster teu di CA? Pun Bapa baheula sok remen nyinglaran nu kitu teh! Makana kuring mah percaya teu percaya. Teu percaya, da can nempo bungkeuleukannana. Percaya: pun Bapa baheula sok diangkir nguruskeun nu kitu patut. Sigana mah kuring kabur ka NL teh, kusabab kuring borangan siga Kang WLY meureun he he he. Kumaha lamun aya nu ngangkir kudu nyieuhan jurig! Iiiiiyyyyy..... ;)) baktos, Rahman http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/ [Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
