waluya56 <
Tapi ketah, mudah-mudahan we tulisan jelema nu keur keuheul teh salah!
Baraya,
Kang Wly, Kang AG, Kang Denis,
Anu ngarasa ripuh mah kuring di NL. Asa dibegegan! Kumaha teu kitu, keur mah
imago na geus goreng... katambah umat (atawa anu ngarasa pangislamna!) boga
pagawean teu puguh.
Hese rek memener ieu imago goreng tea. Ceuk kuring teh... apan eta mah teu
kabeh! Malah mah lolobana anu siga kuring.. bageur (hag siah... teu euleum2
promosi sorangan!). Tapi kusabab imej na geus goreng hese pisan memenerna. Komo
deuih, loba imigran (Turki jeung utamana mah Maroko), anu boga pagawean teu
aleucreug... ripuh we. Kadang2 kuring mah sok hayang nyumputkeun identitas
we... Bosen... kudu mere tanggung jawab kana hal anu teu dipilaku ku kuring.
Kudu kumaha ngakalanana nya? Tiap poe teh boh dina koran, boh dina TV aya we
warta ngeunaan dunya muslim ( utamana mah warta kagorengan!). Ah... di mana2
bae oge, warta anu goreng anu laku dijual teh. Ari warta alus mah da lain warta
geuning.
baktos,
Rahman
Baktos,
Rahman, Wassenaar/NL
---------------------------------
What are the most popular cars? Find out at Yahoo! Autos
[Non-text portions of this message have been removed]
http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/
[Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea]
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/