Kang RH, Kang Denis miwah Kang AG, hanjakal pisan usaha-usaha supaya imej (wangwangan?) Islam teh ulah awon, dirusak deui ku jelema eta-eta keneh. Kamari dinten Minggu ping 19/2/06, FPI ngademo terus ngarusak pos jaga jeung pager Kedubes Amerika di Jakarta. Nempo kitu kuring ukur ngaheruk, emut kana seratan Kang Rahman sareng Kang Denis.
Di salah sahiji milis Islam, aya nu keuheul pisan, dugi ka nyebatkeun ieu teh salah sahiji cara taktik keur ngarusak heula ti jero (pembusukkan dari dalam) supaya pamarentah jeung nagara Indonesia jadi kacow. Taktik ieu umumna digunakeun ku kaum komunis dina ngaruntagkeun pamarentah nu keur kawasa ( Teori ieu teh lamun teu lepat mah teorina Mao Tse Tung, jeung geus dipraktekeun di Cina dina ngagulingkeun kaun Nasionalis, pimpinan Chiang Kai Sek, kitu deui di urang waktu PKI jaya- jayana). Rakyat jadi teu percaya ka pamarentah, ekonomi sina amburadul, da investasi, turismeu jadi mandeg. Geus kacow, gampil tah nyandak kakawasaan. Tapi ketah, mudah-mudahan we tulisan jelema nu keur keuheul teh salah! Baktos, WALUYA --- In [email protected], Denis Rivard <[EMAIL PROTECTED]> wrote: >> Eta sababna ahirna kaum panganut Islam didieu mutuskeun muka panto masigit ka panganut agami nu sanesna sangkan aranjeunna tiasa langkung nguninga ka agami Islam, sangkan aranjeunna diajak ngomong-ngomong. Pangemut abdi ieu mangrupa jalan nu langkung sae tinimbang demonstrasi di jalan sareng ambek-ambekkan. > > Wilujeung ka kaum panganut Islam didieu nu milarian karapihan tinimbang konfrontasi. Mudah-mudahan para panganut Islam nu moderat, nu mikahoyong hirup sauyunan sasama manusa sadayana teh moal cicing deui. > http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/ [Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
