Ari dikuningan mah aya bajigur mani raos seger, teras aya gemet
(combro), ari wengi dijalan siliwangi kuningan seueur anu dagang
gorengan; Gemet, tempe, tahu, sorabi + goreng dage he..he..he..
Abdi waktos damel/sakola di Surabaya, jarang mulih ka kuningan, bisa
diitung sataun dua kali, sakalina mulih teh sok dendam langung ari
wengi tabuh tujuhan teh sok paheula-heula parebut mobil sareng pun
raka, ari pun raka nuju sibuk teh langsung bae dipaling eta mobil teh,
teu ribut-ribut nyupiran sorangan jalan-jalan kakota kuningan,
nyampeur ka teman lama (teman nuju imut-imutna, kadang sok pendak
sareng mantan, sok aya rasa isin he..he..he..), meser gorengan +
sorabi tengahna dipasihan dage mani raos he..he..he.., ari dongkap ka
bumi teh tengah wengi sakitar tabuh 11-12 malam, ngan panto garasi
dikonci ku pun bapak, atuh abdi teh ngamuk mencet dor bell sampe
berulang-ulang teu dibuka, akhirna mah dibuka barijeung ngagurundel,
pedah nyandak mobil teu bebeja, upami bebeja mah matak ribut sareng
pun raka, makana dipiheulaan he..he..he...
Sok inget jaman bengal, tapi abdi mah tara gampil kapengaruhan,
rerencangan ngaroko, abdi mah nolak, malah anti rokok, tapi ari kanggo
anu seneng ngaroko mah mangga, abdi mah moal ngalarang, eta mah hak
mereka, geus garede bisa mikir anu baik dan salah.
Ari di Banten kanggo gemet (combro) teh naon namina ?
Ari bandrek teh tina jahe ?
Hatur nuhun,
Nenendiantiny K Gunadi
http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/
[Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea]
SPONSORED LINKS
| Spanish language and culture | Indonesian languages | Indonesian language learn |
| Indonesian language course |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "Baraya_Sunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
