Hatur nuhun alo Hendra (ngalokeun wae nya, bongan salira oge nga-emangkeun
:)),

Asupan sareng pamendak alo katarimakeun pisan. Aya sababaraha catetan ti si
kuring kana naon anu dipadungdengkeun dina jejer "wates karajaan
Sunda-Galuh" ieu. Pamugi wae ieu catetan teh bisa maparinan katerangan anu
leuwih eces jeung sumanget nalungtik sajarah Tatar Sunda (TS) anu leuwih
ngaronjat:

1) Disaluyuanana wates Sunda-Galuh nyatana walungan Citarum tea, kalawan
beulah kuloneun Citarum asup ka wewengkon kakawasaan Sunda (Sembawa anu
dipimpin ku Prabu Tarusbawa) jeung wetaneun Citarum kaasup Galuh (kalawan
rajana Wretikandayun) eta mah kasaluyuan awal, sajarah lahirna karajaan
Sunda minangka beubeulahan ti karajaan Sunda (Sembawa). Anapon dina
lalampahan sajarah saterusna, eta dua karajaan teh mindeng pisan silih ganti
antara papisah jeung ngahiji (dina harti: kalan-kalan eta dua karajaan teh
dipimpin ku saurang raja, sakapeung eta dua karajaan boga raja
sewang-sewangan anu sami-sami "berdaulat"). Pikeun hal ieu, mangga uningaan
tulisan-tulisan ngeunaan sajarah TS. Kukituna, eta wates dua karajaan teh
leuwih ngarupakeun wates awal wae, awal ngadegna Galuh atawa: larap nalika
Galuh jeung Sunda masing-masing dipimpin ku saurang raja-na sewang-sewangan.

2) Kukituna:

a) data jeung informasi ti alo Hendra, ngeunaan ayana bukti-bukti wewengkon
karajaan Galuh (diantarana anu dipimpin ku Ajar Sukaresi anu ditelasan ku
Tamperan Bramawijaya-katurunan Sanjaya; sadayana masih anak-incu
Wretikandayun) di kuloneun Citarum (tegesna di G. Padang, Cianjur), eta
kajadian tiasa wae nalika harita Galuh jeung Sunda keur ngahiji.

b) Hal sejen anu perlu ditimbang-taraju dina lebah dieu nyaeta: Naha ari
tempat tatapa hiji jelema atawa tokoh raja harita kudu di wewengkon
karajaanana wae? Tegesna pananya teh kieu: "Wewengkon karajaan teh naha jadi
watesan oge pikeun wewengkon tatapa atawa nyiar elmu kasaktian atawa ngisat
diri alam harita?". Upama nyieun babandingan jaman ayeuna kira-kira kieu:"
Lamun urang dina KTP teh kacatet salaku penduduk Ciamis, naha teu menang
neangan elmu (tatapa lamun baheula mah) di wewengkon Bandung?".

Pikeun maluruh kamungkinan di luhur, boh siki a) atawa b), diperlukeun
panalungtikan leuwih teleb. Mangga, urang sami-sami maluruh.

3) Kanyataan yen wewengkon-wewengkon sabudeureun Garut harita ukur jadi
tempat tatapa, mujasmedi (ibadah, kasus Candi Cangkuang jeung candi-candi
sejenna di sabudeureun Bandung), paling jauh moro (sakumaha informasi tina
Nasakah Wangsakerta yen Wanaraja, upamana, eta tempat pamoroan raja-raja
Sunda-Galuh jaman harita) negeskeun jejer awal dina padungdengan ieu:
yen sakiduleun Bandung-tegesna Citarum-harita wewengkon teh can pati rame ku
padumukan (pemukiman) masyarakat. Kukituna, eta dua raja
(Wretikandayun-Tarusabawa) ngarasa cukup nyieun wates dua karajaan teh ukur
ku walungan Citarum (anu "notabene" sungapan Citarum teh ayana di wewengkon
Bandung. Ngandung harti, sakiduleun Bandung-tegesna Garut, Cianjur jeung
pakidulan Jabar sejenna ayeuna-kapikiranana (ku eta dua raja) henteu perlu
pikeun ditandeskeun babagi wilayahna.

4) Bisa oge kamungkinan sejen: kanyataan yen wewengkon sakiduleun (sungapan)
Citarum salaku wewengkon patapaan, nyiar elmu (metode alam harita) jeung
tempat-tempat kaperluan
sarerea (raja jeung warga boh Galuh atawa Sunda) anu jadi sabab musabab eta
wewengkon henteu ditetepkeun wates-watesna nalika Galuh misah ti Sunda.

Hal-hal anu dipedar dina siki 3) jeung 4) eta mah ukur perkiraan kamungkinan
(hipotesis oge can manjing) ti anu lain ahli sajarah. Taya lian ukur
nyoba-nyoba neileuman naon anu kajadian alam harita. Pikeun anjog kana
kacindekan anu leuwih sahih ngeunaan wates ieu dua karajaan atawa naon anu
kajadian waktu Galuh mimiti misah ti Sunda tangtu wae merlukeun
panalungtikan anu leuwih jero. Mangga urang arantosan wae, sugan aya anu
haat nalungtik hal-hal sarupi kitu.

5) Kanggo tambahan informasi wae ieu mah, ngeunaan tempat Ajar Sukaresi
(Prabu Adimulya Permanadikusumah) tatapa. Kasbutkeun dina buku
sajarah-diantarana seratan Kang Saleh Dansasmita anu sumber gedena Naskah
Wangsakerta (NW) tea - yen ieu tokoh teh raja anu langkung ageung minatna
kana urusan spiritual (kasebutna "Ratu" anu siga kitu teh). Numutkeun NW,
ieu raja teh tatapana di sabudeureun wates Galuh-Sunda (nyatana
deukeut-deukeut ka walungan Citarum). Aya pamendak sejen, yen ditelasanana
Prabu Permanadikusumah ku Tamperan teh sanes nalika anjeunna tatapa di G.
Padang, balikta (tapi) nalika anjeunna tatapa di caket G, Sunda (G.
Burangrang).

Kalintang narik ati keur panalungtikan naon anu didugikeun ku Kang Idrus,
yen patilasan Prabu Permanadikusumah tatapa anu pangakhirna teh aya di
sabudeureun walungan Cimuja anu brasna ka Ciasem terus ka Citarum, di
Panaruban (deui wae) hehehe. Saur Kang Idrus, eta patempatan pangna disebut
Cimuja (pamujaan, tempat ibadah, tempat tatapa) nya kulantaran aya dua raja
anu tatapa (ngisat diri samemeh moksa) di dinya: anu kahiji, Prabu
Permanadikusumah ieu, anu kadua: Sribaduga Maharaja samemeh ngahiyangna.
Wallohu'alam. Ngan bukti fisik situsna di Panaruban pantes pisan keur
panalungtikan: aya sedong anu kaiuhan ku batu (alam), aya tempat siga
kuburan tina batu, jst.

Upama hal anu bieu ditatan kabuktian, eta tetep henteu napikeun
(ngailangkeun) kanyataan Prabu Permanadikusumah kungsi tatapa di G.
Padang. Wantun soteh ngajukeun ieu alternatif, dumeh wae lokasi G. Padang
asa tebih ti walungan Citarum.

Cag, urang tunda dihanjuang siang, teundeun di handeuleum sieum, paragi
nyokot ninggalkeun.

tansah,
manAR

















On 4/26/06, hangjuang bodas <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>
>
> *oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]>* wrote:
>
>  Kunaon teu disebut-sebut harita? Sigana, harita (abad 7 nepi ka kl abad
> 15 M), wewengkon Bandung kidul nepi Garut masih kaasup daerah cawene alias
> can pati kajarambah ku manusa.
>
>
>  Haturan Mang Oman,
>
> Punten, asa kirang panuju sareng kalimah nu di luhur, ku magri ayeuna ku
> urang tos ka sampak di wewengkon Garut aya kabuyutan Candi Cangkuang. Saur
> pa Uka (Prof. Uka Tjandrasasmita), ieu candi teh titinggal ti abad 8 - 9,
> margina sajaman jeung candi pangkolotna di tatar Jawa, yakni Candi Dieng.
>
> Di sabudeureun gunung-gunung nu aya di Garut oge seueur ruruntuk tilas
> kabuyutan nu mangrupa bale pamujan (punden) ti jaman megalitik atawa kalebet
> tradisi megalitik.
> Dua hal ieu nunjukeun yen di wewengkon Garut jaman harita (abad 8 - 9) tos
> kajarambah ku manusa, malih mah jauh samemeh jaman karajaan.
>
> Memang dugi ka ayeuna teu aya prasasti atawa naskah sumber sajarah nu
> negeskeun wates Karajaan Galuh di tatar sunda kiduleun Gunung Wayang.
> Namung pami urang nitenan kana carita pantun buhun "Ciung Wanara" (Ciung
> Wanara atawa Manarah, Raja Galuh taun 739 - 783 M).  Dina carita ieu
> dicaturkeun aya Pandita Ajar Sukaresi atawa Bagawat Sajala-jala tatapa di
> Gunung Padang.  Ka uninga ku urang yen kabuyutan Gunung Padang teh ayana di
> wewengkon Cianjur.  Ajar Sukaresi oge kungsi janten Raja Galuh salami
> sataun, 724 - 725 M, nu katelahna Prabu Adimulya Permanadikusuma, nu
> saterasna ki Ajar ditelasan ku Patih Tamperan di Gunung Padang ieu.
>
> Upami aya Raja nyaba ka hiji wewengkon pikeun tatapa, tangtosna ieu
> nunjukeun eta wewengkon teh masih kalebet wilayah kakawasaanana.  Cindekna,
> wates Karajaan Galuh jaman harita henteu wae mung sabudeureun Garut, tapi
> terus ka beh kulon dugi ka Cianjur ayeuna.
>
> Baktos,
>
> hendra
>
>  ------------------------------
> Yahoo! Mail goes everywhere you do. Get it on your phone<http://us.rd.yahoo.com/evt=31132/*http://mobile.yahoo.com/services?promote=mail>.
>
>
>
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id<http://www.urang-sunda.or.id/>
>
>
>
>
> SPONSORED LINKS
>   Corporate culture<http://groups.yahoo.com/gads?t=ms&k=Corporate+culture&w1=Corporate+culture&w2=Business+culture+of+china&w3=Organizational+culture&w4=Organizational+culture+change&w5=Organizational+culture+assessment&w6=Jewish+culture&c=6&s=176&.sig=XebwzVpdTm8GSy8GvWnc_g> Business
> culture of china<http://groups.yahoo.com/gads?t=ms&k=Business+culture+of+china&w1=Corporate+culture&w2=Business+culture+of+china&w3=Organizational+culture&w4=Organizational+culture+change&w5=Organizational+culture+assessment&w6=Jewish+culture&c=6&s=176&.sig=e4aS0tTbDmoOM-2OJzrJyw> Organizational
> culture<http://groups.yahoo.com/gads?t=ms&k=Organizational+culture&w1=Corporate+culture&w2=Business+culture+of+china&w3=Organizational+culture&w4=Organizational+culture+change&w5=Organizational+culture+assessment&w6=Jewish+culture&c=6&s=176&.sig=b0TqcVMvhB-a0EgixFvFsw>  Organizational
> culture change<http://groups.yahoo.com/gads?t=ms&k=Organizational+culture+change&w1=Corporate+culture&w2=Business+culture+of+china&w3=Organizational+culture&w4=Organizational+culture+change&w5=Organizational+culture+assessment&w6=Jewish+culture&c=6&s=176&.sig=Z8hBTiWD2XdK93YM2Ng0uw> Organizational
> culture assessment<http://groups.yahoo.com/gads?t=ms&k=Organizational+culture+assessment&w1=Corporate+culture&w2=Business+culture+of+china&w3=Organizational+culture&w4=Organizational+culture+change&w5=Organizational+culture+assessment&w6=Jewish+culture&c=6&s=176&.sig=0oDQvHXUEKLGPnUe3OQ8uw> Jewish
> culture<http://groups.yahoo.com/gads?t=ms&k=Jewish+culture&w1=Corporate+culture&w2=Business+culture+of+china&w3=Organizational+culture&w4=Organizational+culture+change&w5=Organizational+culture+assessment&w6=Jewish+culture&c=6&s=176&.sig=K0DLpHFrAHyulw_DW5oA8A>
>  ------------------------------
> YAHOO! GROUPS LINKS
>
>
>    -  Visit your group "urangsunda<http://groups.yahoo.com/group/urangsunda>"
>    on the web.
>
>    -  To unsubscribe from this group, send an email to:
>     [EMAIL PROTECTED]<[EMAIL PROTECTED]>
>
>    -  Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of
>    Service <http://docs.yahoo.com/info/terms/>.
>
>
>  ------------------------------
>
>


[Non-text portions of this message have been removed]



http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/

[Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea]




SPONSORED LINKS
Spanish language and culture Indonesian languages Indonesian language learn
Indonesian language course


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke