pami enyamah definisi PSK teh nu sok nganggo pupur kandel, sareng sagala rupi tetek bengekna, angge raksukan kararetat, bari hareureut, ngirit bahan, teras wengi wengi nangtung sisi jalan ngantosan nu ngagaleuh anjeuna.., tapi kumaha sareng PSK nu raksukanana kawas wanoja eksekutif?, nu nganggo pupur biasa wae, heunteu ngantosan sisi jalan, tapi mung ngantos telepon wae, teras byur..angkat nganggo mobil mewah atanapi dijemput ku supir nu ngagaleuh anjeuna, taripna wah.. tong ditaros pastina tebih pisan kawas nu mangkal di sisi jalan.., keur mah nampi artos seueur, hirup aman sentosa teu diudag udag kamtib..., janten tetep we nu sangsara mah jalmi leutik, komo bari tiasa salah oge, da aya wanoja nu gaduh ciri2 kawas kitu ge saleresnamah sanes PSK..
Di nagara Swedia asana, saurna diditumah tibalik nu ngagaleuh nu ditangkep ku pulisi teh, sanes PSK na..., cobi di urang turutan siga kitu geura..., he..he..he.. (bilih aya nu keuheul siga abdi nitah nurutan kulon wae, tuturut munding ceunah!!!!, duka ah..., abdimah mung ngiringan ngacapruk)
Baktos,
Maria
----- Original Message -----
From: gilang saputra
To: [email protected]
Sent: Saturday, April 29, 2006 7:01 PM
Subject: Re: [Baraya_Sunda] Kang Rahman
pami saur abi mah, mendingan di definisikeun we, kumaha hiji istri tiasa disebat PSK?
[Non-text portions of this message have been removed]
http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/
[Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea]
SPONSORED LINKS
| Spanish language and culture | Indonesian languages | Indonesian language learn |
| Indonesian language course |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "Baraya_Sunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
