Hehehe euleuuuuh geuning manawi teh connect hehehe ;). Kuring mah mung nga-interpretasikeun tinu tulisan Akang yeuh hehehe ... anu ceunah mah datang ka masigit jeung ka pura teh dianggap sarua jeung nyandung make tanda petik kitu heuheuheu... tah sigana nyandung tanda petik didieu katangkep ku kuring mah dianggap musrik/ murtad/ goreng lah kitu heuheuheu...duka tah lamun lepat mah hehehe. Tah mangkene bosen ah mangkana wae hehehe... ceuk kuring kulantaran sikep anu gampang pisan ngamurtadkeun ieu yeuh... Situs-2 Bersejarah mereun teu dipalire jadi weh tega ngancurkeun... kulantaran di anggap tempat dosa/ kotor meureun. Ziarah ka makam wae pan ceunah mah musrik anu tungtuna teh ... meunang weh predikat murtad kitu. Maksudna mah geus lanca linci luncat mulang udar tina taligadang... padahalmah talina masih keneh di iket hehehe teu acan di udar ... da tali anu eta mah tergantung eusi hate jeung pikiran kitu. Teu sakonyong-2 misalna urang datang ka gereja, pura, atawa bahkan misalna urang ngucakeun selamat natal, galungan, jrrd... urang pindah agama ... pan tergantung eusi hate jeung pikiran-na. Satungtung hate jeung pikirana teu brubah mah da teu ngaruh kitu ;).
Tah lamun sautak saeutik boga pamikiran sok ngamurtadkeun batur pastina kaributan gampil pisan Kang kajadian :). Kumaha tah kira-2 connect teu nya? Lamun teu connect keneh berarti anggep weh kuring ngacapruk hehehe. Eh atuh "lonte" anu eta mah abdi ge resep... kamari aya Ibu ti Sumedang nyandak badar sareng lalawak paisna sareng LONTA ~ Lontong Tahu hehehe... soalna sate na teu aya heuheuheu. Punten, Asep ----- Original Message ----- From: mh To: [email protected] Sent: Friday, December 08, 2006 7:23 PM Subject: Re: [Baraya_Sunda] Pura Siliwangi Gunung Salaki Bogor - Center of The Universe hehehe. ke ke ke, kang asep, naha jadi jiga 'jaka sembung murak dewegan' ieu padungdengan teh. tina 'nyandung' bisa ditarik kana 'jelegur', 'gaplok', 'duruk' nepi ka 'murtad' sagala. ngarah kuring rada bengras, cing pangnyaangankeun heula ah, ari nu dimaksud 'murtad' teh naong kang. hiji-hiji we nyalse nya. sok lajengkeun heula bahasanana ah. ieu rek neangan 'lonte' (meunag nginjeum ti kang cepot gibol) heula ah. enya 'lonte' we wayah kieu mah, nu 'cepat saji'. dua lon-tong tambah sapuluh tusuk sa-te, meujeuhna keur 'dinner' mah. hehehe. salam, mh --- Aasep Tea <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Hehehe jadi atuh sikep anu ngahargaan ka batur jeung ngareugeungan > kayakinan batur teh dianggapna "nyandung" hehehe. "Sae" pisan kitu cara > na mah... pasti weh meureun moal lila deui bisa kajadian kadenge pating > jelegur ti unggal "lembur" kulantaran nanaon teh bet sahaok kadua > gaplok... mun beda kayakinan tah si eta ceunah murtad hayoooh duruuuuuk > ceunah imahna tenggoran tah mobilna beuuuu. Padahal mah ari dipikir jero > mah saha anu murtad-nya? Da anu kaharti ku kuring mah... Rosul teh nitah > sakabeh umatna keur silih pikadeudeuh jeung pikaheman... nepika unggal > panggih wae kudu nyebutkeun Assalamu Alaikum anu artina ngado'akeun > mugia salamet jeung kabagjaan keur anjeun lain keur kuring... tah lamun > ayeuna sabalikna teu ngahurmat kabatur jeung teu ngareugeungan batur oge > komo bari sangeunahna wae nyebut murtad nepika ngancurkeun imah batur > atawa nga bom deungeun-2... naha eta teh disebut saluyu jeung ajaran > Rosul kitu? Justru ceuk kuring mah justru sabalikna... tah naon ngarana > anu teu saluyu jeung ajaran Rosul atawa Islam anu sabenerna teh... laina > justru eta teh geus murtad? Tah sigana ceuk kuring mah Rosul teh pasti > weh ceurik balilihan nenjo kalakuan jalma siga kieu anu sautak saeutik > cabok, sautak saeutik duruk, sautak saeutik murtad jeung asup naraka asa > nu bogana wae. > > Ah tapi ketang da meureun lamun loba anu pamikirana siga kitu jeung > ngalaksanakeun Islam anu lain Eusleum mah meureun geus maju ti baheula > bangsa ieu teh. > > Salam, > Asep > > ----- Original Message ----- > From: mh > To: [email protected] > Sent: Friday, December 08, 2006 7:26 AM > Subject: Re: [Baraya_Sunda] Pura Siliwangi Gunung Salaki Bogor - > Center of The Universe > > > hehehe, jadi atuh sikep kuring nu sok resep leuwih tihiji teh, resep > kudua > kutilu, tos disebut 'nyandung' nya. da nyandung mah meureun 'goreng' > tea. > ngarah heroik mah atuh make istilah nu ngiwari we, sikep resep kudua > kutilu teh sikep 'jembar manah' tea. atawa naon cenah basa legegna > teh, > 'moderat', atawa 'humanis' kitu. atawa nu kiwari keur naek daun, > 'pluralis' tea meureun nya. naon cenah baheula mah, sikep 'inklusif' > tea > meureun. > > salam, > mh > > --- Aa Asep <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > Hehehe tah kusabab ieu yeuuh urang sunda tega ngancurkeun titinggal > > karuhuna hehehe ;)... kulantaran disaruakeun jeung nyandung kekekek. > > Padahal mah naon salahna urang datang ka Pura? Naon salahna urang > datang > > ka Pagoda? Naon salahna urang datang ka Gereja? Rosul wae ngahargaan > eta > > sakabeh pamimpin agama anu geus aya leuwih lila ti manehna... naha > bet > > urang mikangewa ka maranehna? Emangna urang lamun datang ka Pura > urang > > ujug-2 jadi Hindu atawa datang ka Gereja jadi Kristen hehehe :). > > > > Justru kulantaran Rosul ngahargaan para pamimpin agama samemehna > jaman > > harita loba jalma anu tertarik ka Islam... kulantaran Islam teh > > mikadeudeuh jeung mikanyaah ka sakabeh mahluk di alam dunya ieu. > > > > Misalna Ziarah ka karuhun naha bet teu meunang sementara Ziarah ka > makam > > di Arab pas umroh meunang... padahal sarua Ziarahna? Emangna naon > > maksudna Ziarah? Ari nu dikanyahokeun ku kuring mah ... Ziarah teh > keur > > ngahurmat karuhun anu canggih supaya urang aya sumanget bisa leuwih > > canggih ti karuhun. Kusabab kitu Rosul nitah ibadah naek haji teh > > panungtungan kunaon? Kusabab lamun geus naek haji istilahna mah geus > > jadi jalma beresih... tah omat ulah nepika aya kokotor deui. Jadi > lamun > > diri urang can beresih mah ari ceuk kuring mah rek nanaonan naek > haji? > > Justru ceuk kuring mah kalahka ngarusak citra haji anu sabenerna... > > lamun urg sangeus haji masih keneh lamokot kotor. > > > > Kulantaran aya kangewa ka mahluk lain ieu anu akhirna aya rasa tega > nga- > > bom deungeun-2 anu can tangtu salah benerna? Malahan mah bagja pisan > > misalna lamun urang agama lain teh meunang musibah beuuuu. Anu > > tungtungna ayeuna Bali jadi tunggara? Naha eta kitu ajaran Rosul > teh? > > Nyangsarakeun batur? Lamun kitu ajaran rosul canggihan keneh ajaran > > Siliwangi atuh :P. Gunung wae teu meunang dilebur... sagara teu > meunang > > di ruksak... buyut wae teu meunang di rempak.... kaharmonisan alam > tetep > > kajaga anu antukna keseimbangan ekosistem jeung daya dukung > lingkungan > > oge tetep kajaga ;). > > > > Ku naon urang sunda jaman baheula selalu nempatkeun makam-2 dina > tempat > > anu critical... siga gunung, sisi walungan, muara, jrrd... kamsudna > mah > > keur ngalindungi eta patempatan supaya ulah di rusak soalna lamun > geus > > di rusak nyaaa lingkungan oge rusak kitu. > > > > Tah ayeuna buktina kajadian... nagara urang babak belur :(. > > > > Salam, > > Asep > > > > ----- Original Message ---- > > From: mh <[EMAIL PROTECTED]> > > To: [email protected] > > Sent: Thursday, 7 December 2006 10:57:37 PM > > Subject: Re: [Baraya_Sunda] Pura Siliwangi Gunung Salaki Bogor - > Center > > of The Universe > > > > heueheuheu, dipikir-pikir, geuning lain agym wae nu nyandung teh > nya. > > dalah kuring sorangan oge geuning jigana ngamalkeun 'panyandungan' > > tayohna > > mah. manggih 'jumaah' ngiclik ka masigit. manggih 'pura' kabongroy > ku > > pura. tepung jeung 'pagoda' duka kumaha. perkara istilah > 'parahiyangan' > > , > > sakadar pikeun ngabejaaan bulu tuur, upama buluan kitu oge tuurna, > > hehehe, > > jigana lain ngan ukur dipake di lembur urang wae. di tungtung wates > > kulon > > semenanjung malaya, aya hiji nag ri nu katelah perlis 'indra > kayangan'. > > kaayaan alamna kurang leuwih jiga di lembur urang, loba gunung nu > > lungkawing. > > > > salam, > > mh > > > > ___ _ _ _ ___ ____ ___/ __| |_ _ _ __| (_)___| __|__ / _ \\__ \ _| > || / > > _` | / _ \__ \ / /\_, /|___/\__|\_ ,_\__,_|_ \___/___/ /_/ /_/ > > > > ____________ _________ _________ _________ _________ _________ _ > > Do you Yahoo!? > > Everyone is raving about the all-new Yahoo! Mail beta. > > http://new.mail. yahoo.com > > > > > > > > > > > > ____________________________________________________ > > Yahoo! Singapore Answers > > Real people. Real questions. Real answers. Share what you know at > > http://answers.yahoo.com.sg > > > > [Non-text portions of this message have been removed] > > > > > > ___ _ _ _ ___ ____ ___/ __| |_ _ _ __| (_)___| __|__ / _ \\__ \ _| || > / _` | / _ \__ \ / /\_, /|___/\__|\_,_\__,_|_\___/___//_/ /_/ > > __________________________________________________________ > Yahoo! Music Unlimited > Access over 1 million songs. > http://music.yahoo.com/unlimited > > > > > [Non-text portions of this message have been removed] > > ___ _ _ _ ___ ____ ___/ __| |_ _ _ __| (_)___| __|__ / _ \\__ \ _| || / _` | / _ \__ \ / /\_, /|___/\__|\_,_\__,_|_\___/___//_/ /_/ __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com [Non-text portions of this message have been removed]
