> > Pangalaman rerencangan abdi pas interview jeung bule... pas nganggo bahasa inggris kacau beliau... manehna ngaku sorry Sir, my english is bad ceunah.... si Bule kalahka muji... oooh no... great ceunah eta sanes bahasa ibu maneh jadi wajar weh teu lancar oge. Taaaah beda lamun di urang ... salah ngomong saeutik sok kalahka disaleungseurikeun, dijejeleh terus dihina anu antukna sieun salah tea ;). >
KAng Asep, Masalah anu paling 'mendasar'keur basa Sunda mah... lantaran ieu basa geus teu/kurang dipirosea ku urang Sunda na sorangan. Tong ngaharepkeun batur hayang diajar BS, dalah urang SUndana ge leuwih resep make basa batur. Alesan ekonomi, bisa oge dijadikeun dadasar. Urang Sunda embung make BS lantara sacara IPOLEKSOSBUD BS teh euweuh hartina. Conto anu pangjelasna mah, aya sabarah juta urang SUnda? Terus bandingkeun... aya sabaraha media anu make BS? Aya 16 juta urang NL, mediana? Teu kaitung! Ceuk kuring mah, salah sahiji tarekah sangkan BS bisa nanjeur (deui), BS kudu diformalisasikeun deui. Misalna DPRD wajib make BS disagigireun BI, produk2 hukum wajib diBSkeun. Ku kituna, harkat jeung darajat BS milu naek. Basa teh pakuat pakait jeung imago! Jadi... tong neumbleuhkeun teuing ka nu make. Kudu aya gerakan politik anu bisa memener imago ieu basa. baktos, Rahman
