balik deui ka salah sahiji wewengkon di garut. upama di kebon sampeu,
tangkal sampeu bolenang kulantaran daunna dipake parab domba jeung pucukna
jadi parab jelema, atuh kari tangaklna jeung cupatna. tah urang lembur sok
nyarita kieu, "euleuh tangkal sampeu teh mani rugul, euweuh daunana". jadi
jigana kecap asalna 'murugul' teh meureun 'rugul'. ngan teuing aya teu
awalan 'mu'? atawa 'murugul' geus salin rupan jadi kecap dasar anayar.

loba kecap nu wandana jiga kieu teh. enya aya pakaitna ajeung leupas. geura
toong tah: murubut, morobot,
merejel, morojol, jeung sajabana.


On 1/9/07, Rahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>   Baraya,
>
> Dikotektak dina kamus (LBSS jeung Eringa), weleh teu kapanggih kecap
> muruGul mah.
>
> Kuring boga teori siga kieu.
>
> Ari dasar kecap murudul mah apan udul, hartina lalesotan, maruragan
> (tina beungkeutan), pokona mah anu asalna napel ... jadi teu napel.
>
> Anu jadi masalah teh, naon kecap dasar murugul? Sabab kecap dasar
> 'ugul'mah... asa teu manggihan!
>
> Sigana mah aya analogi kieu. Bisa jadi dikantetkeun kana kecap 'dugul'
> alias gundul bin botak. Jadi muruGul... gundul?
>
> Teuing ketah ah... teori ngaran na ge.
>
> Tapi ari ceuk rasa basa kuring mah, ieu dua kecap teh SARUA hartina.
> Asa aya hadena mun harti anu beda (dina basa wewengkon) dikumpulkeun
> di dieu. Susuganan aya mangpaatna.
>
> baktos,
>
> Rahman
>
> --- In [email protected] <Baraya_Sunda%40yahoogroups.com>,
> "Suteja Amijaya" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> > >>Konteks kalimah na siga kumaha Kang, anu mururgul teh? RH
> >
> > Basa keur nganjrek di wewengkon Tambun Bekasi nu katelah betawi ora,
> mindeng
> > kadenge nu ngalarapkeun kecap murugul nu ngabogaan harti sakumaha
> ceuk kang
> > Kumi. Mantangul, hese diwarah.
> > "Budak teh aya ku murugul, hese pisan dicarek," kurang leuwih siga
> kitu lah
> > konteks na mah.
> >
> >
> > [Non-text portions of this message have been removed]
> >
>
>  
>


[Non-text portions of this message have been removed]

Kirim email ke