--- In [email protected], "Waluya" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> 
> Ceuk kuring? ....ah kumaha we alusna ...hehehehehe, pan "boga bakat 
> diplomat" ceuk kang RH oge.
> 

Bener euy gaya diplomat tah he he he...

Ari ceuk kuring mah kieu, da lain diplomat, rek togmol we ;))

Amrik KUDU boga rasa tanggungjawab, sabab Amrik teu diondang datang ka
Irak... ngacak2 Irak... kabeh infrastruktur ancur. Utamana
infrastruktur politik. Loba pisan salah beleid. Conto anu paling
eusleum mah... birokrasi jeung sistem pertahanan Irak dihapus kitu
bae. Terus diganti ku nu anyar... bari can puguh juntrunganana.
Kabuktian nepi ka ayeuna infrastruktur nu aya teu jalan.

Memeh indit ti Irak, Amrik WAJIB ngabenahan ieu kaayaan. Karunya urang
Irak... Baheula teu bisa hirup tengtrem diteror Sadam, ayeuna oge
makin teu tengtrem diteror... saha bae!

baktos,

Rahman

Kirim email ke