Ari bangsa urang sok gancang nganiley jelema tina
panapilan dimana2.pangalaman abdi tos ngoprek motor
taun 90 an baju ra bobolokot ku olie jrung taneuh
ngantar pamajikan balanja ka Hero, ngajanteng
diluar....pek teh Mang..mang...ieu parkirna..anu
geulis nyodorkeun duit rebuan (harita can aya eta
Secure parking tea). Poe anu sarua sorena ek ka
ondangan pakean kumplit..nyimpang ka Gramedia rek
meuli kado pulpen Parker...langsung...wae bapak..bari
unggeuk jero.
--- Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > From: "mh" <[EMAIL PROTECTED]>
> > bah willy, sainget kuring kecap 'babu' teh justru
> basa sunda 'pisan'.
> > malah dina kosakata basa sunda, salian kecap
> 'babu' aya kecap sejen nu
> > ngarujuk kana harti nu ampir sarua. jiga
> > kecap 'lanjang', 'bujang', 'jongos',
> > jeung'badega'. cenah 'jongos' mah asalna tina basa
> walanda.
>
> Enya bener MH, pan ceuk kuring ge "umum"na jadi teu
> kabeh. Tapi hiji hal
> nu ku kuring tepi ka ayeuna masih "tanda tanya",
> kunaon ka babu atawa ka
> jongos sok disebut "Bibi" atawa "Mamang"?. "Bibi"
> jeung "Mamang" pan
> sabenerna mah lain sebutan nu ngahandapkeun
> ("merendahkan"), sanajan
> ayeuna aya "trend" ka arah dinya, pangpangna kunu
> teu pati ngarti kana
> budaya di Sunda. Saperti tatangga kuring nu lain
> urang Sunda, kabeh lalaki
> nu digawe kasar jeung make pakean rudin, ku manehna
> sok disebut :
> "Mamang-mamang" .....hehehehe
>
> Cik kira-kira naon tah sababna? ....aya baraya anu
> terang?
>
> Baktos,
> WALUYA
>
____________________________________________________________________________________
We won't tell. Get more on shows you hate to love
(and love to hate): Yahoo! TV's Guilty Pleasures list.
http://tv.yahoo.com/collections/265