Hehehe berarti nagara urang kaasup nagara kapitalis tangible atuh nya Kang :D... pan capital teh di bagi 2 tangible jeung intangible (human capital) tah kulantaran human capitalna teu dihargaan berarti intangible capitalna teu aya.. upami kitu mah tangible capitalist hehehe....
Padahal urang sok ribut-2 nagara urang anti kapitalis nya... eeeeh malahan nagara urang sorangan keneh kapitalis tangible hehehe. Tah ngeunaan leutik jeung badag salary mah eta rada relatif sebenerna upami ditilik ti mata si Babu... kumargi kadang si Babu na sorangan oge datang ti kulawarga anu sangsara pisan... janten nampi gajih Rp. 300 rebu sabulan oge asa mogok manggih gorowong, asa kagunturan madu, kaurugan emas putih... da samemehna oge daharna ngan saukur jeung uyah, kurupuk, cengek, jsb... pas ulin ka kota manggih goreng hayam, tahu, jrrd Teh asa asup kasawarga we... Ceuk abdi mah misalna akang ato euceu gaduh babu omat pisan ulah diperlakukeun sapertos budak berlian anu sangeunahna wae... tapi diperlakukeun saperti kulawarga urang. Anu dipupujuhkeun oge... kudu aya career developmen na... misalna diajarkeun usaha ngajait, jrrd.. jadi hiji mangsa eta pambantu bisa usaha sorangan. Di abdi wae ayeuna gaduh 2 hehehe... sanesna gagayaan da kumaha deui atuh euweuh anu ngurus budak jeung imah... abdi sibuk gawe, pamajikan oge gawe :D... untung na teh lain deungeun-2... anu diajak teh dulur ti lembur... nya diperlakukeun na oge saperti dulur weh... malahan gaya ayeuna geus ka beuli hp... unggal minggu atawa peuting bisi rek barobogohan jug sok di titah... ngan sok di bejaan kade ulah percaya ka lalaki ... ulah nepika kagoda bisina diajak "kikituan"... ngan lamun misalna kabablasan... in case of emergency... tong poho ulah daek lamun teu make kondom... di terangkeun oge ku abdi... akibatna lamun teu make safety device, bisa hamil, panyakit jrrd... anu antukna anu rugi maranehna sorangan. Alhamdulillah tah ngalalarti di tanya teh ceunah moal Aa... engke wae ceunah keur salaki hehehe. Ku abdi oge eta dulur teh dipapatahan... utamina mah attitude-na keur bekel engke maranehna rumah tangga... da abdi oge moal salawasna ngagawekeun maranehna... ari budak geus garede mah keur naon boga pembantu hehehe. Ieu mah keur ngasuh budak weh... ari ku baby sitter atawa nu lain rada kurang percaya... ari ku dulur mah puguh kitu... nyaho saha kolot jeung asalna oge parilakuna samemehna. Dulur jauh anu ku abdi di ajak ka kota teh... biasana mah anu ngan lulus nepika SMP... dari pada di lembur ngaripuhkeun kolotna.. jeung nambah-2 wawasan, ambeh teu ngotok ngowo di parako istilahna mah. Soalna abdi gaduh babaturan anu gaduh pagawe-na dilarang-2 gaul ... kulantaran beger dugika ngajleng ti luar jandela. Geus kitu hamil tungtung-2na kaluar terus hirupna salangsara... ari kitu mah dijelaskeun sa jentrena.. oge manehna di bere tanggung jawab keur melindungi dirina sorangan jadina mikir. Batesan abdi ngan jam gaulna omat pisan ulah leuwih ti Jam 10 peuting... laina nanaon da pangalaman pribadi hehehe... lamun lewat jam 10 peuting jurig na oge beuki sakti hihihi ;). Geus kitu pan lamun peuting teuing mah isukan pan manehna ngasuh budak... pastina lamun loba teuing ulin peuting cape anu tungtungna budak teu kaurus :D. Ngurus budak biasana job desc-na maturan ulin, ngamandian, ngahuapan, jrrd... ceunah mah manehna oge resep weh asa ka adi :). Biasana abdi mah sok jelas ti heula... rule of the game-na siga kumaha...misalna abdi mah teu resep anu teu jujur... jadi bisina manehna teh hade gawe tur rancage tapi teu jujur mah punten wae... geus ditetepkeun dihareup ceuk teh... lamun kajadian hiji mangsa kapanggih maling, nipu, ngabohong... wayahna... moal di ambek, di carekan... ngan langsung di balikeun deui ka lembur :D... ternyata omongan di hareup eta teh justru matri ka maranehna... dugika ayeuna maranehna attitudena alus pisan. Kuring oge reueus jeung nyaah asa ka dulur deukeut pisan. Prinsip abdi mah simple ... inget wae ka tulisana Kang Lao Tse... 600 BC, lamun urang teu ngahargaan batur... pasti batur oge moal ngahargaan urang. Lamun pagawe urang hayang ngahargaan urang sabalikna urang oge kudu ngahargaan maranehna. Kamar tidur ge teu di beda-2 sarua we.. jeung kamar tamu, kamar budak, kamar adi, dahar sapiring, sameja, korsi sadiukan, jrrd... da sarua keneh maranehna teh lain budak berlian anu bisa sangeunahna diparentah ku urang. Aya oge ninggali pas namu di batur... nyuguhan teh nepika ngesot sagala beuuuuu... hareeee geneeee kudu ngesot? Manggil mani kudu aden atawa juragan beuuuuu... abdi mah manggil teh nitah manggil we Aa ka pamajikan nyebut Teteh... abdi kamaranehna manggilna Nyai atawa Teteh lamun pas hareupeun Jr... jadi Jr oge nganggapna Teteh lain pembantu.. nganggapna lanceuk :D. Salam, Asep ----- Original Message ----- From: Rahman To: [email protected] Sent: Friday, February 16, 2007 3:23 PM Subject: [Baraya_Sunda] Re: Eksploitasi babu! --- In [email protected], surtiwa surtiwa <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Ari bangsa urang sok gancang nganiley jelema tina > panapilan dimana2.pangalaman abdi tos ngoprek motor > taun 90 an baju ra bobolokot ku olie jrung taneuh > ngantar pamajikan balanja ka Hero, ngajanteng > diluar....pek teh Mang..mang...ieu parkirna..anu > geulis nyodorkeun duit rebuan (harita can aya eta > Secure parking tea). Poe anu sarua sorena ek ka > ondangan pakean kumplit..nyimpang ka Gramedia rek > meuli kado pulpen Parker...langsung...wae bapak..bari > unggeuk jero. > Kang, Geus jelas pisan ... budaya urang leuwih ngahargaan TONGKRONGAN tinimbang eusi hulu. he he he.... Anu pinter mah Walanda jaman keur ngajajah baheula. Urang NL teu pati resep kana sasaragaman. Pan geuning... pagawe pamarenatah kolonial, ngahaja nyieun baju mani direnda2... mun bisa mah patinggurilap jeung patingburinyay, make payung pagede2... kareta kencana... pokona mah fisik sing mencrang.... pasti KEDER bangsa urang mah! :(( Ayeuna ge masih keneh kitu. Tong jauh2... tingali we angkot. Anu loba renda na... jeung loba guguripalan... pang dianggap panghebatna! he he he... Duka enya duka henteu ketah.... baktos, Rahman [Non-text portions of this message have been removed]
