Abdi ge sami Teh.. teu mempermasalahkan urusan valentine malahan mah aya 
event-2 ieu teh dimanfaatkeun weh kitu keur sayang-2an jeung pun Bojo :D.... 
kasih sayang bisa laas lamun teu dipupuk... komo deui anu geus kolot jeung lami 
pisan ka keueum ku rutinitas ... kadang bosyen anu antukna upami teu dipupuk 
atanapi teu pasihan vitamin langsung basi jeung justru nu kieu memicu kana 
affair jeung nu lain atawa cheating keur milarian "desire" anu tos leungit...

Contohna wae sexual intercourse oge eta kudu aya desire jeung enthusiasism-na 
upami henteu ngan saukur yu dadah yu babay ... beres weh teu menciptakan energi 
positif eta mah rugi pisan. Mangkana urang Indihe mah aya kamasutra sagala keur 
ngembangkeun elmu memadu cinta ;)... kudu meditasi heula ceunah samemeh 
kitu.... supaya tenang jeung akhirna tiasa nga unleash the energy tea :D... di 
Islam oge sami... mun teu lepat ceunah urah garasak gurusuk... tapi kudu sholat 
heula geus kitu sersan weh... ngageleser dan santai ;). Cobi weh geura 
rarasakeun... upami urang memadu cinta dgn bener... pasti karaos pisan pas 
gugah na langsung seger, pameunteu marahmay, oge sapertos kenging dopping 
energi anu sakitu ageungna :D. Benten lamun asal nu karasa ngan capena wungkul 
:P... mata weh carelong hehehe.

Kumargi kitu abdi mah jeung pun Bojo.... sersan all the time weh... setiap 
kasempetan nu aya nya dimangfaatkeun. Boh dina event-2 valentine kieu atanapi 
event-2 nu sanesna oge. Da nya eta... cinta upami teu dipupuk pasti lami-2 
bakal laas... komo deui ayeuna gogoda seueur pisan apanan... kumargi abdi kasep 
pisan henteu geulis ... seueur kitu upami ngareret sakedik wanoja-2 didieu 
langsung kalenger asa ninggali brad pitt atawa cecep beckham ceunah hihihi.

Nu di betot sanes pakuat- pakait jeung urusan agamana ... etamah jalankeun 
sewang-2an we lah :D.

Salam,
Asep Beckham

  ----- Original Message ----- 
  From: Nenen 
  To: [email protected] 
  Sent: Friday, February 16, 2007 9:02 PM
  Subject: [Baraya_Sunda] Re: Poe "Valentine"


  He..he..he.. teh Maria, ari perasaan kasih & sayang teu kudu kanggo
  bangsa barat wungkul, kasih sayang tos alami aya kanggo seluruh umat
  manusia didunia, atuh binatang oge gaduh rasa kasih sayang, buktina
  sabuas-buasna macan tetep ngabela/melindungi anak-anakna. Atuh sadaya
  agama oge ngajarkeun kasih sayang. 

  Matak heran Kasih & Sayang jadi masalah ????????????????????????

  Sami-sami hemeng abdi oge teh Maria he..he..he..

  Salam kasih dan sayang kanggo Selena !

  Nn



   

[Non-text portions of this message have been removed]

Kirim email ke