Hehehe enya Teh abdi mah resep pisan romantis-2an Teh :D... maklum ari cancer boy mah pan bawaana romantis :D. Aya oge rerencangan Batak... nonton kuch kuch hota hai... dugika berlinangan air mata :D. Wajah rambo hati rinto tea hehehe.
Hihihi gaya euy... sampe hapal keneh kitu... sigana berbekas pisan meureunnya Teh :D... keun we Teh... urang mah berfikir positive weh... anu ngadamel broken heart Teteh eta pasti ayeuna nyesel jeung kumejot ninggali Teteh ayeuna jeung Kang Wayne anu meureun emang eta jodona ;). Da kadang jodo mah jorok pisan :D. Janten emut wengi kamari nongton Nothing Hill di Trans TV anu maen Neneng Julia Robert... edun pisan eta. Abdi nonton sareng pun bojo dugika sur ser kitu emut jaman keur jadian baheula :D. Aya deui anu Run Away Bride eta ge sae pisan :D. Anu pang lucuna mah American Sweet Heart heuheuheu... mantabh pisan eta. Teu kuat ngakak pisan nongtona. Kaleresan abdi mah resep pisan nonton filem comedy komo deui anu romantis mah :D. Pangaruh ka abdi na ge janten cheerful kitu... teu jamedud siga baskom. Salam, Asep ----- Original Message ----- From: Nenen To: [email protected] Sent: Saturday, February 17, 2007 9:19 AM Subject: [Baraya_Sunda] Re: Poe "Valentine" Geuningan kang Asep mah tergolong romantis leuwih-leuwih dina film, sae pisan resepna, komo aya istilah sersan all the time he..he..he... Tapi kang asep abdi mah ngalaman broken heart jaman ABG, sampe-sampe abdi ngadamel puisi ngawur, harita teh tanggal 12 Februari dua hari sebelum valentine, rerencangan abdi mah harita teh makan bareng sama doi, ari abdi mah broken heart, harita teh abdi corat coret nulis puisi pondok ngaluarkeun unek-unek, make B. Inggris sagala, maklum harita teh nuju ABG, ari inget hayang seuri, kieu puisina masih inget, ah..keun bae sanes rahasia... Now, my breaking heart I wonder why, he doesn't know At this day, my breaking valentine I feel the pain in my heart over and over again Now, my breaking heart He took my valentine away... Ngan sakitu puisina, makana inget teras moal hilap. Ah... pasti pada seuri ha..ha..ha.. Salam, Nn . [Non-text portions of this message have been removed]
