--- In [email protected], zainal alimuslim <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
> Sementara di negara kita,bencana alam bertubi-tubi sejak tsunami 
> hingga banjir membuat banyak warga jatuh miskin. Karena kemiskinan 
> tak homogen, kredit mikro perlu disadari limitasinya. Asumsi bahwa 
> semua kaum miskin ingin bekerja sendiri (self-employed) tak bisa 
> dipertahankan.
> Kenyataannya,sebagian kaum miskin lebih senang memiliki pendapatan 
> tetap biarpun kecil. Karena itu,fokus kredit mikro yang hanya 
> diarahkan pada kelompok di dasar kemiskinan (the poorest of the 
> poor) tak boleh menghambat pemberdayaan kelompok yang sedikit di 
> atas garis kemiskinan.

Bade mairan sakedik kang Z, duka nyambung duka henteu ieu teh. Tilu 
poe kamari, si Bibi Tukang Surabi sobatna pamajikan kuring, nganjang 
ka imah, maksudna rek nginjeum duit 50 rewu perak ka pamajikan, keur 
modal cenah. Da duit modalna beak ku anakna nu gering. Biasana manehna 
ari nginjeum duit teh ka urang "B*t*k", rentenir. Nginjeum 50 rewu, 
bungana bisa 10 rewu per bulan. Loba kaum miskin, samodel si Bibi 
Tukang Surabi ieu, nu kajiret kunu "nganakeun" duit ieu. Tah umpama 
aya bank (atawa naon wae aranna) nu bisa nulungan usaha-usaha "super 
mikro" ieu, sigana bakal loba kaum miskin katulungan. Mungkin teu 
ngajait pisan tina kamiskinan, tapi paling henteu maranehna masih bisa 
dalahar jeung arusaha.

Tapi leres pisan, yen kaum miskin teh teu sadayana boga bakat usaha 
jeung daek usaha, aya oge nu hayangna jadi pagawe wae (mungkin 
lolobana) sanajan panghasilanana leutik asal mayeng. Tah kredit mikro 
kurang cocog lamun disalurkeun ka golongan ieu. Sabab bisa wae ngakal, 
ngaku keur usaha, malah dipake meuli barang2 konsumtif. Jadi, sanajan 
kredit mikro, tetep we kudu ningali heula kapabilitas jalmana. Ngan 
memang  masalahna lamun loba teuing syarat, jadi birokratis, perlu 
jalma rea, keur mariksa kapabilitasna. Mungkin carana .... nya nurutan 
kaum rentenir, nu wani asruk2an ka lembur2 kumuh nitenan 
kahirupan "nasabah" manehna.  

Ceuk kuring mah, kredit mikro cukup paling gede sajuta perak malah 
lamun bisa mah ukur raratusan rewu. Nu penting kaum miskin gampang 
ngaksesna .....


Baktos,
WALUYA



Kirim email ke