Kang Herwig kamari ngimel ka abdi saurna anjeuna ngadangu info ngeunaan aya deui anu ngaku katurunan Karajaan Pajajaran ;). Ngadamel passports nyalira oge. Lengkepna imel ti Kang Herwig dihandap ieu.
Mamanawian aya anu apal infona? Alamat imelna atanapi contact-na tiasa Japri oge ka abdi ke di forward ka Kang Herwig, ceunah anjeuna hoyong patepang. Meureun keur nambihan info ngeunaan buku The Sunda Kingdom of West Java anjeuna. Ngomon-2... gaya euy.... Pakuan Pajajaran, Karajaan Sunda beuki seueur anu ngaku hehehe. Mun teu lepat mah aya Sunda Nusantara, Puteri Karajaan Sunda, jeung ayeuna aya Karajaan Pakuan Pajajaran hehehe. Tapi menarik oge sih tulisan si Kang Herwig eta... ceunah mah ngaku yen Karajaan eta teu acan pernah dibubarkeun kumargi kitu secara legal berarti masih aya keneh ceuk hukum internasional? Mamanawian aya anu apal ngeunaan hukum internasional kumaha tah kinten-2na? Terus bener teu Karajaan Sunda teu acan pernah di bubarkeun? Lamun tea mah misalna bener si Karajaan eta masih aya... terus lokasina dimana? Naha engkena bakal jadi Karajaan di Cirebon atawa di Jogja, karajaan dijero nagara? Tapi mun karajaan dijero nagara naha bet passportna nyieun sorangan? Atawa rek misahkeun diri samodel GAM Aceh kitu? Salam, A ----- Original Message ----- From: "Herwig Zahorka" Dear Asep, I have heared that in Bogor some people exist who insist they are decendants of the royal family of Pakuan Pajajaran. One of them names himself beeing the (fictive) king. I was told he lives somewhere in the area of Jl. Siliwangi. They even issue own passports from Kerajaan Pakuan Pajajaran. They argue that the Kingdom never has been officially declared dissolved and that it therefore legally still exists (not physically) due to intenational law. Do you know something about it? If you could find out something I would like to have a meeting with these people. Cheers, Herwig
